Monday, August 24, 2015

Leungit Diiwat Dedemit

Ku; HASBA


Leungitna santri nu ngaran Alèp jadi sabiwir hiji.  Alatan leungit demit teu puguh laratanana. Keur kolot-kolot nu boga anak lalaki pantaranana pada ngarasa risi kaleungitan anak.  Lantaran ceuk beja pabeja-beja nyebar jadi carita balaraèa, Majar Alèp dijieun wadal ku jin Islam nu kungsi ngaheureuyan aya taunna di Pasantrèn Kèrèsèk bongan salakina Nyi Siti Kolbuniyah dipaèhan waktu mindah rupa jadi oray.
Kolotna geus ber kaditu ber kadieu, baraya nu anggang ditèang, dulur nu singkur dijugjug sugan aya lunta lanto geus tatanya ka ahlina ngalèr ngidul boh ka tukang matangankeun, ka ajengan ahli hikmat, budak welèh teu kapanggih najan kabèh tarèkah geus diketrukeun. Bapana pasrah kana kadar da kurang kumaha ikhtiar mah, tapi teu kitu anu jadi indung mah, awakna geus begang igana norelak lir gambang kuru akin ngajangjawing balas mikiran anak, mun maot dimana bugangna ngarah puguh mulasara, mun hirup dimana dumukna ngarah puguh nyusulna, indungna gawèna tirakat jeung midangdam.
Pon kitu keur nu kanjrekanana Ajengan Kèrèsèk ku leungitna èta budak ti pasantrèn asa katempuhan sasat kolotna mah geus masrahakeun sagala rupana, ceuk babasan ti luhur sausap rambut ti handap sahibas dampal bagja cilaka kumaha kersa Ajengan ayeuna nyata pisan èta budak leungit keur dina cangkinanana malah Alèp mah tara dipondok hèèsna ogè cara lumrahna santri, tapi diperenahkeun dipawon deukeut dapur dipangnyieunkeun salon tina awi. Lantaran kapakè kana ngahodaman Ajengan, dibaturan ku batur salemburna Si Mamat bèjana mah kapialona.
Kang Ajengan, kitu ngabasakeunana barudak santri ka guru ngajina. Nyai atawa Nyi Ajengan geus bèak dèngkak milu ihtiar nèangan budak leungit ka suklakna ka siklukna.  Santri disebar sina nyusud raratan.  Bèja gancang tepina lantara alumni Pasantrèn Kèrèsèk sumebar aya di satatar Priangan malah nu luar jawa ogè aya, saperti di Lampung jaba ti ngajurung jelema, ku RRI Bandung teu kaliwat sababaraha kali disiarkeun.
Barudak santri nu araya di pondok teu cicingeun  ku pokal lurahna dibagi tugas aya kabagian solat hajat, aya nu kabagian ngaji Yasin diberjamaahkeun meunang opat puluh balikan, tapi nu leungit lebeng teu aya bèjana geus aya bulanna,  Harita basa leungit tèh bulan Puasa ayeuna geus nincak bulan Rayagung malah ampir kapohohohokeun katungkul ku kasibukan sèwang-sewangan.  Manusa darma rucita Allah nu nangtukeun sagala-galana.
Hiji mangsa kira wanci pecat sawèd, poè haleungheum ku pihujaneun hawa karasa bayeungyang, teu kungsi lila breg hujan turun siga nu cicicikeun, nu boga  popoèan gancang  jajait.  Ajengan nu keur aya di patengahan ngagentraan hodamna, Mamat.  “Mamat! Mamat! Ka dieu, euy!” nu digeroan tuturubun turun tina salon nyampeurkeun bari rengkuh, “Aya naon, Kang?”
Ajengan nunjuk ka para bari tanggah, “Kentèng bocor meureun, euy! Ieu geuningan hujan milu ngiuhan ka tengah imah,” Ajengan tèa resep ngabojèg, keur ngaji ogè tara ngarasa tunduh atawa bosen da sok diselang ku dongèng nu pikalucueun.  Mamat ngarti, teu talangkè gancang saged rèk naèk para menerkeun kentèng nu bocor.  Sarung dibeubeurkeun kana  calana “nasaup” mun ceuk urang lembur mah calana “sontog” ka handap sieun ku cacing kaluhur sieun ku gelap.
Kalcat nècè kana palang dada, gurawil ngarawel pamikul sup kana tiang para nu aya luhureun pawon.  Naha atuh kira sapanyeupanan, gebut sada nangka murag ninggal palupuh, imah munggah ngarieg siga kaoyagkeun lini. Kang Ajengan muru tibuburanjat, muru sora nu ngagubrag ti pawon geus moal teu Si Mamat tibeubeut ti para.  Nyi Ajengan garo singsat bari rawah riwih ma’lum awèwè.  Kasampak di pawon Mamat keur calangap teu usik teu malik, lètahna ngèlèl, panon bolotot siga domba kacekèk.  Kang Ajengan ngajanteng hareugeueun. Rumpang-reumpeung teu puguh cagap. Kop kana cungkir keleweng dibalangkeun keuna ka Nyi Ajengan meneran kana imbitna, ngagoak da puguh cungkir beusi, naha atuh bet kop kana cungkir.  Maksud mah ngarongkong nyokot gayung rek nyiuk cai tina gentong keur ngabanjur anu kapihuhan.
Mamat ngajehjer teu empès-empès, Ajengan mapatkeun ajian, jampè pamakè, parancah panyingkir, sètan marakayangan. Karèrèt dihareupeun nu keur kalenger aya mahluk pikagilaeun buukna ngarewig jiga bebegig, ramona rangoas ku kuku nu kawas ny rèk ngerekeb, budak nu teu usik malik.  Sagala wewesèn diketrukeun hatè ngajerit manteng ka nu murbeng alam.  “Naha manusa anu dimulyakeun ku Alloh makè kudu èlèh jajatèn ku sètan, jin jeung jurig nyiliwuri”.  Dadak sakala mahluk tèa ngarumpuyuk, ngalumbuk lir simbut nambru. Nyampeurkeun. Ajengan taki-taki pasang kuda-kuda bari hatè rada mangsar-mingsir, gabrug ngarontok dampal suku Ajengan.  Barang dikejetkeun, mahluk anèh tèa tanggah, naha atuh ana gebeg tèh Ajengan reuwas lain meumeueusan, ayeuna Ajengan nu calangap ngagero bari ngabales nu ngagabrug dirontok terus digubag-gabig, “Alèp! Alèp! Ieu tèh Alèp?!!!” Tapi budak nu tadi disangka mahluk tèh ngabigeu teu bisa ngajawab, katingal awakna rampohpoy siga kapuk kaibunan teu aya tangan pangawasa.
Nyaina dipiwarang ngabantun cai asak hèrang tina kendi, nu tara tebih tina kulit domba pangcalikan ajengan ari motalaah kitab. Teu kungsi lila Nyain nanggeuh gelas eusi cai kendi disanggakeun dido’aan, geus kitu diinumkeun. Dikersakeun siga gula ka tètèsan apu, bèak cai diinumkeun, nyah budak tèh beunta panonna gular-giler bangun nu rek locot tina kongkolakna tina bakating ku celong jeung haropak. Gaur manèhna ceurik sigana kakara sadar.  Mamat ogè usik tuluy ngulisik nyah deui beunta. Barang inget hudang tibuburanjat ngagorowok, “Sieun! Sieun! Aya nu ngarontok di para, halaaaahhh nyekèk!”
Sakeudeung ogè imah Ajengan geus pinuh ku nu ngalayad bari pada pansaran harayang nyaho lalakona jeung panggih ka jinisna nu ngiles aya bulanna.  Barudak santri teu kaampeuh maksa asup pasedek-sedek, tatangga nu deukeut pon pilalagi teu beunang diperesabenan, imah Ajengan ngadadak didadagelan ti handap bisi ngaborobot darurung tètèrèktèkan.  Ajengan kapaksa nangtung biantara, “Assalamu’alaikum waromatullohi wabarokatuh!”
“Waalaikum salam warohmatullohi wabarokatuh!” Jawab nu haladir rèang narembalan kana salam ti Ajengan.
“Para wargi jeung barudak santri, tangtu aranjeun panasaran hayangnyaraho dongèngna Kai Alèp, ngan milik jinisna sakumaha nu kasaksèn ku sarèrèa awak rangkèbong panong carelong, tanaga teu aya, malah can wasa nyarita, ku kituna dipènta ridona ti sarèrèa ninggalkeun ieu tempat mèrè kasempetan ka Kai Alèp. Sina istirahat, ku kuring rèk diwarat heula.  Insya Allah dimana manèhna geus pulih deui, lelembutanana geus kumpul balik pangacian, rèk ditanya lalakon jeung pangalamanana salila dipanyabaan sarta bakal dicaritakeun deui ka aranjeun.  Tah, sakitu pamènta ti kuring. Wasalam.”
Jelema narungtutan marulang, najan teu welèh pansaaran tapi ngaragangan ka Ajengan. 
Awal Kajadian
Dina bulan Puasa, hanca pangajian barudak santri nu sok disebut “balagan”, kitabna sok diganti ku kitab nu sakira tamat sabulan puasaeun mun di sakola mah èkstra kurikulum mun ayeuna mah “pasantrèn kilat” atawa “pasaran” ngan harita mah can mantra-mantra aya istilah  tèh, sabab unggal lembaga pendidikan boga udagan atawa targèt kurikulum kaasup pondok pasantrèn, ku kituna asa teu merenah lamun pasantrèn dikilatkeun atawa di “pasarkeun”.
Dina taun 1962 balagan ngaji bulan Puasa sakumaha biasa, kitab nu diaji sok gunta-ganti nurutkeun kumaha pamènta barudak santri, harita nu diaji tèh kitab “Istikoq”.  Ajengan di masigit di lingkung ku santri-santri, rupa-rupa pamolahna aya nu ngadepong, aya nu nyanghunjar lambar, kumaha ngeunahna, bèda ti biasa, pangajian bulan puasa katingalna “santai” mun cèk barudak ayeuna mah, tegesna teu diburu-buru ku waktu, pokna ogè itung-itung ngabeubeurang atawa ngabuburit da ngaji tèh sok dua waktu , mun teu sabada solat Subuh sabada solat lohor.
Tamba nundutan selang-selang nerangken tujuan kalimah demi kalimah, diseling ku pèpèling pangèling nyutat tina sair-sair Arab saperti kieu:
Ulah ngahinakeun maneh ka jalma leutik
Rametuk bisa ngaluarkeun getih, singa jadi perlaya
Geus boga bekel naon maneh di dunya
Teu nyaho hirup katungkul ku pati
Bekel takwa nu kabawa jaga
Dimana reup peuting naha hirup bakal nepi ka pajar
Teu seutik jalma jagjag waringkas maot teu geuring heula
Tapi aki-aki pikun hirup nepi ka kiwari
Mindeng nonoman keur tandang isukna ngababatang
Teu nyaho ditinun boèh eukeurna
Mindeng nu keur olèng pangantèn
Teu nyaho papatèn datang pinastèn

Atawa nyelapkeun dongèng nu pikalucueun dibarung ku ngabojèg, ger atuh santri tèh sareuuri jauh pitunduheun, teu karasa waktu Asar geus nyantek, mun teu kitu sakalian ngaijazahkeun do’a-do’a nu dikawiridkeun sapopoe, mana keur santri nu milu balagan bulan puasa mah sok aya onjoyna, cara harita hanca ajian geus leuwih tengahna, ka tamat ukur popoèan deui.  Geus nincak tanggal lima welas peutingna tarawèh dipugkas ku witir bari kunut.  Biasana sok nyutat tina Qur’an nu pihartieunana kieu:”Mantenna mah moal katingali ku sagala panènjo panon, sedengkeun Mantenna nu tiasa nyusul sagala paninggal, da Mantenna mah Nu Maha Lemes tur Maha Waspada”.
Alèp sanajan santri pangbudakna, tapi tara tinggaleun ngaji pipilueun jeung nu jalebrog, ceuk ingetanana seja ngabaktikeun diri , keun baè teu kaharti sawarèh ogè, sugan meunang ganjaran tina ririunganana, dina majelis èlmu.  Ngan aya nu jadi  pikiran do’a nu diwejangkeun tadi ku ajengan, mun teu salah dèngè,”.... mun ieu do’a diwiridkeun terus, moal katingali ku musuh, sok komo lamun bisa disaambekankeun macana dina sakitu balikan tangtu bakal meunang kaajaiban keur diri nu macana...”
Geus tilu poè ti harita manèhna muhit èta ajian, cul kana nanaon poho di tajil poho di sahur, terus ngadukduk panasaran hayang cacap nepi ka martabat tamat dina saambekan, malah ngahaja ngèlat manèh kawas titiran nyieun gayoran luhureun salon pangsarèan nu baku da sieun kaganggu.  Sapoè sapeuting beuteungna teu kararaban dahareun, ari lain cai mah sakadar ngabatalan. Sangu jeung opieun panganteuran Mamat alona diawurkeun ka balong jadi parab lauk, kencling ka tampian rèk ngadon ngusey nyoo caik, ngadak-ngadak jadi  was-was, hatèna diobeda ku rupa-rupa sawangan, mung seg manèhna kataèkan ajianana, bong budak bolostrong ingetanana. Teu tatanya heula ka guruna kapan ari sabangsa wirid nu kitu mah teu sabrongbrong tiap jalma bisa  ngawiridikeun, matak sok loba jalma ngagerebeg weureu “Saèpi” alatan henteu tinemu sarat.
Peuting èta manèhna teu tarawèh di masigit ngadon mulang ka lemburna di Sukamaju.   Lalakon aya sapuluh kilometerna.  Badarat mapay jalan satapak.  Sajajalan teu balem biwirna terus ngagerenyem macakeun ayat, lain babasan taya rènghap nu kaliwat taya kiceup nu kapiceun, hatèna gilig hayang bisa ngaleungit , lantaran ceuk pamadeganana kapan “Man jadda jiddan pawajadahu” hartiya sasal keyeng tangtu pareng, asal temen tinemenan.  Naha bener manèhna kataèkan bisa ngaleungit teu katenjo ku jelema? Wallohu Alam, ngan baè waktu manèhna sababaraha kali uluk salam kanu jadi kolotna ti jero imah, teu aya nu nembalan, geblus manehna asup ka imah bari teu puguh ti mana jalanna, sabab geus nyampak di tengah imah. Panto parageuh ku tulak bapana jeung indungna keur solat tarawèh.
Di pawon nu dibakukeun jadi musola da masigit can bisa dipakè, rangkay kènèh. Lila manèhna ngadagoan nu tarawèh, rurat reret ka kamar, adi-adina geus sararè.  Bèrès kolotna tarawèh solongkrong manèhna sasalaman ka kolotna, tapi kolotna harè-harè henteu malirè kalah goloyoh ka tengah imah, kolotna duaan guntreng ngupat manèhna, “Naha si Alèp geus lila teu aya mulang ka lembur, èta meureun pedah kahayangna diogogan, hayang pantalon bapana, èta nènjo batur meureun,” ceuk indungna bari ngarongkong kana bekong dieusi cikopi, regot nginum disusul ku bubuy hui boled.
“Heueuh! Lain teu rek dicumponan ngan jual-jaar can aya nu laku, mana kuriak masigit ngambay tacan rèngsè,” tèmbal bapana bari nyerebungkeun haseup rokona kaluhur.  Naon nu diobrolkuen ku kolotna katarima asa mukpruk ka manèhna.


“Ah mending nyingkah baè ari kolot geus apilain mah.”  Kolesed ngadeukeutan panto rèk kaluar, jleg geus aya  di rangkay masigit, papan nu naranggeuh ku manèhna digolèrkeun dipake tilam.  Inget can solat Isa sakalian tarawèh, tamat do’a witir gerenyem deui manèhna nuluykeun hanca wiridan bari nyangkèrè kana kusen rada ngalenyap.  Barang beunta tanggah ka langit bulan geus luhur, hiliwir angin peuting tanda waktu geus ngagayuh ka janari. Karasa jasadna asa diawang-awang, jiwa kaluar tina kurungan, waruga karasa ngaleutikan tina wujud diri. Rot-rot kawas balon nu ngempesan. Antukna tinggal “Nuktoh” titik hideung. Malah nepi ka musnana pisan, nu tinggal paninggal ati, dunya anu sakitu lega ambahanana, kiwari aya dina cakreman teu aya bedana jeung nyanghareupan kobokan nyaho ka eusi-eusina. (HANCA)

3 comments: