Monday, August 17, 2015

Bagian Katujuh

Dedemi Pamit
Ku: HASBA



Taya lian éta ogé hasilna paneda kuring ka Anu Agung. Kuring hayang ngusir éta Nyi Putri Jin, tapi ulah siga-siga pangusir ti kuring. sing nyingkah ku karepna, ku kahayangna sorangan.  Éta ogé diijabah ku Pangéran, tétéla ku suratna tadi, manéhna téh pamitan.  Éta anu geulis bari némbongkeun haténa pinuh jeung gedé duriat kacinta asmarana.  Sanggeus dicorétan anu kasarna pisan basana téh kieu:   

"Habibi jungjunan ati.  Sateuacanna. Ana neda dihampura ulah jadi kekeling panggalih.  Kitu cénah pokna téh.  Pangna ayeuna nyeratan deui lain ku nanaon tapi rék unjukan.  Ti saméméhna mugi keresa ngahapunten. Ana téh dina akhir-akhir ieu bet hayang nyelang heula mulih ka Habsy, geus sono ka kolot anu ngarep-ngarep supaya mulih heula.  Ana téh betah didieu, kulobana ahli ibadah ka Pangéran jeung aya... kabeurat ati.  Keukeuh mibeurat micinta anjeun,  Ana rék nékad dék sabar, teu weléh nganti-nganti.  Sanajan cék putri ti Habsyi Ana téh cau ambon dikorangan, malati ka pipir-pipir gé teu éra teu sing, da kumaha atuh ari haté sanubari geus kataji? Najan anjeun can aya tanda-tanda miwelas asih ka Ana, Ana tetep dina pamadegan ati, sugan jeung suga teu ayeuna atuh jaga bakal laksana. Bakal ditampa jeung dipiwelas, nepi ka bisa kumawula saperti hiji garwa (habibah) nu satia.  Bari ngadago saat-saat anu baris ngamulyakeun haté, ayeuna pamit heula rék lolongok ka Habsyu.  Lain pamit pikeun salamina.  Kalawan putih beresih dina haté.  Duh, habibi buah haté, muga ka Ana ulah aya geuneuk maleukmeuk tur ngaridoan mios heula ti dieu.  Sapanjang Ana euweuh, sapanjang pajauh tina soca.  Keukeuh haté mah sapanjang pajauh tina soca.  Keukeuh haté mah bakal padeukeut jeung cumantél baé.  Asa nyéngcélak baé Habibi téh dina hihideung panon.  kababawa ka Habsy. dido'akeun sing damang ulah aya nanaon dina sajero paturay. dido'akeun sing geura jarah ka Mekah, mudah-mudahan urang bisa patepung sono di diditu. sajba ti éta dipénta kalawan sanget ikhlasna manah jungjunan, kana sagala anu ku S.K. geus dicokot saperti: duit jeung barang-barang kitu deui sagala anu ruksak-ruksak, nu peupeus kadupak kasénggol lain dihaja, ku réncang panakawan Ana.  Ngahampura laku lampah sakabéhna nu  matak ngaganggu.

Duit anu diockotan tina céngcéléngan lain pikeun kapereluan nanaon, tapi diamalkeun da Habibi mah geus nisab. dipaké nyumbang jeung kiparat. Lolobana ka anu kalantar di nagara Tartar, ka dulur-dulur urang kénéh anu sami-sami ngedalkeun dua kalimah sahadat. Saenyana mahluk di dunya anu sarupa pada teguh kana agama Islam bari ariman kana ucap Lailahailallah Muhammadarasulullah éta téh dulur urang.
Ngan cindung jaojah rék dipaké jeung disimpen-simpen salawasna keur tanda mata sangkan teu pareum katineung ati. Pileuleuyan heula Habibi jungjunan.... Sapu nyéré pegat simpay, paturay patepang deui.... Pileuleuyan jeujeur useup buat ati, kerenyed pakait ati.... S.K."

Kitu tah pondokna anu meunang nyorétan cawokahna téh surat ti Nyi Siti Kolbuniyyah anu panungtungan.  matak seuri teh ku  maké pok ménta supaya kuring ngarioan manéhna indit. Puguh meunang muntang-muntang  ka Anu Kawasa supaya geura sina mantog ulah karasa diusir.  Lamun rék panjang nétélakeun sakur sura-suratna dina satengahing gegedéna ombak asmarana anu loba pikaseurieunana mah.  Abong kéna ti jurig anu béda rasa atawa kabiasaan jeung manusa. Di urang aya babasan dina ngagambarkeun kageulisan wanita sajaba ti anu katulis tiheula, aya anu kieu: Buuk galing, poni rintit, atawa galing muntang ombak bakung hidéung lestreng hérang bangbara, ngadéngé manusa sok nataan kaalusan buuk jeung bulu panon, samarukna ari kecap: Siga anu ngélék hayam hideung, bulu kélék dilélépé téh alus. Kitu deui anggapanana kana bulu irung anu papasangan, norongtot kénca katuhu siga bangbara ngaliang dina ngagambarkeun awakna pribadi éta Nyi Situ Kolbuniyah téh hayoh ku babasaaan anu di urang mah puguh-puguh keur pamoyok. Samruk alus téa, bet dipaké gagambaran kayaan manéhna. 

Aya kecap kieu geura: Habibi moal teu panuju ka Ana. Ana téh putri geulis ti Habsyi ratuna anu ayu lucu anu kakoncara béntangna putri Habsyi. Bulu kélékna lépéun kénéh. Ari urang oléng pangantén hayang téh bulu kélékna géus dilélépé heug ku Habibi ratuning kalbu.  Tingali buktina bulu irung Ana nu narongtot ramosbos papasangan siga bangbara kembar ngaliang, sarua panjangna. Tuluy nataan sakur bulu-buluna tug tepi ka anu (punten teu beunang katénjo ku anu lian téa) matak seuri jeung sebel.  Heuleut dua poé ti tas narima pamitan ti Kérésék, babakuna anu tonggoheun lembur da pasantrén Kérésék téh di logok ayana. Cénah ti imahkuring aya iring-iringan ngaleut ngabandaleut. Dipirig ku musik jeung drum band anu saragam pakéna. Dibaraju kulit himak dibalakutak bulu kaldé atawa biga, dibaju kulit maung tutul jeung loréng. dibalakutak hulu singa. tingkélébét bandérana, tingpelengkung umbul-umbulna, gotongan sababaraha dongdang ngiringkeun jampana anu pangheulana meunang ngahias lir aya pangantén anu diarak-arak.  Jelema sakur anu ningal kana éta kajadian pada mangloh ka kuring. Nganaha-naha cénah boga hajat jeung raraméan sakitu rongkahna teu ondang-ondang. Teu ngabéjaan-ngabéjaan acan? Kruing rungah ringeuh bengong da teu rumasa tas hajat. Sumawonna jeung iring-iringan sagala maén musik nanaon, asa bararaid teuing, keur dina kasusah téh jeung pésta sagala. Teu inget yén poé éta téh kuring maca surat pamitanana Nyi Siti Kolbuniyyah.  Pantes atuh ari putri mah diarak-arak gé ku rahayatna meureun, anu milu ngaganggu ka kuring téa, atawa nu ngahaja mapagkeun ti nagrina.

Heuleut saminggu kuring manggih deui kareuwas sababa dina paimbaran masjid manggih surat. Najan alus tulisna tapi tétéla ti Nyi Siti Kolbuniyyah, malah anéh bérés pisan dadianana gé kawas-kawas enya geus tabah atawa meunang tatanya heula geura kieu cénah:

KINANTI

Ya Allah ya Robbul Gafur
anu sipat Rahma Rahim 
anu asih ka hambana
sumangga abdi tingali 
hamba Gusti nu sangsara
nu di kubur ku prihatin

Nyeri nyerep kana sungsum
sumarambah kana geutih
awak asa disasaak
ati asa tingsalewir
urat asa pararegat
nyeri saliring jasmani

Keur lulus dipegat umur 
keur asih disilih pati
keur suka dipegat nyawa
salaki ngemasi pati
dék seca teu ditarima
dék ngabdi teu diperduli

Aduh pileuleuyan umur
mo lami di alam multi
mo lami di alam dunya
teu kuat bahan kanyeri
raga dikubur tunggara
diri dipirig kanyeri

Duh panon poé nu ngagempur
Duh bulan anu dumeling
Cik ieu Kuring tulungan
Ulah  nyeri-nyeri teuing
Suga anjeun diijabah
Da anjeun mah mah mahluk suci

Pangnedakeun ka Yang Agung
sapaatna diri kuring
muga aya kakiatan
ulah kieu-kieu teuing
aduh Gustu henteu kiat
Peurih nyeri ngajaletit

Hé manusa nu adigung
nu telenges ieu aing 
nu ikhlas taya ras-rasan
henteu nolih kanu peurih
teu ngarampa kan arasa
abong-abong eukeur mukti

Embung ngarérét sarambut
embung nolih kanu sedih
Urut indit babarengan
ari balik ngaglincing
salalki dibégal nyawa
dipaké ganti teu nampi

Kaula amit dék mundur
bari mawa ati nyeri
mawa gambar dina rasari
nu matri di sanubari
anu atra dina dada
nu mo bisa leungit deui

Rap ku lemah rup padung
moal puih nya kapeurih
duh manusa kaniaya
abong-abong kanu laip
teu aya pisan rasrasan
téga téh kacida teuing

SINOM

Pileuleuyan Pulo Jawa
Mo bisa papanggih deui
Ieu kula nu sangsara
Balik bari ceurik getih
Do'akeun masing tigin
Sing sumerah ka Yang Agung
Pileuleuyan Ajengan
Gambar anjeun dina Ati
Dék dipaké jimat tepi ka Kiamat

                                     Siti Kolbuniyyah

Ti wates harita Pasantrén Kérésék, Alhamdulillah aman teu aya naon-naon deui deui. Tapi dina taun 1963 aya deui kajadian anu matak hélok jeung ngageunjleungkeun, nyaéta ku leungitna hiji budak, lilana tepi ka tilu bulan. Geus tilu bulan éta budak datang. Balik deui sorangan. dongéngna aranéh pisan sabab tas nyaba ti Nagara Habsyi.  Nagara Jin, Insya Allah upami aya nu papay uninga kana dongéng éta budak.  Mangga engkin diaos: DIIWAT DEDEMIT.

Hapunten (T.A.M.A.T)


8 comments:

  1. Hapunten yeuh pangersa, salereana ibu dongeng kajantenan taun sabaraha? Kumargi pribadosmah kantos didongengan ku pun Bapa yen pun Nini kapungkur ngalaman masantren dikeresek waktos nuju anom nya aya jin nu ngaganggu pasantren tapi sanes ti hasby saurna di ajrak kinten kinten kitu dongengnamah yah pun Nini ngantunkeun taun 1975 -76 dina siswa 105 taun, janten tiasa dikinten kinten taun sabaraha kajantenan, tapi dinu dongeng ieu siga kajantenan teu acan lami, hatur nuhun
    wasalam
    Dedin

    ReplyDelete
  2. Maksadna saleresna iraha ieu kajantenan?? Kumargi nu nyerat ieu dongeng guluyur caritana saolah olah pangalaman pribadi
    Hatur nuhun
    Wasalam
    Dedin

    ReplyDelete
  3. Maksadna saleresna iraha ieu kajantenan?? Kumargi nu nyerat ieu dongeng guluyur caritana saolah olah pangalaman pribadi
    Hatur nuhun
    Wasalam
    Dedin

    ReplyDelete
  4. Hapunten yeuh pangersa, salereana ibu dongeng kajantenan taun sabaraha? Kumargi pribadosmah kantos didongengan ku pun Bapa yen pun Nini kapungkur ngalaman masantren dikeresek waktos nuju anom nya aya jin nu ngaganggu pasantren tapi sanes ti hasby saurna di ajrak kinten kinten kitu dongengnamah yah pun Nini ngantunkeun taun 1975 -76 dina siswa 105 taun, janten tiasa dikinten kinten taun sabaraha kajantenan, tapi dinu dongeng ieu siga kajantenan teu acan lami, hatur nuhun
    wasalam
    Dedin

    ReplyDelete
  5. Hapunten yeuh pangersa, saleresna ieu dongeng kajantenan taun sabaraha? Kumargi pribadosmah kantos didongengan ku pun Bapa yen pun Nini kapungkur ngalaman masantren dikeresek waktos nuju anom nya aya jin nu ngaganggu pasantren tapi sanes ti hasby saurna di ajrak kinten kinten kitu dongengnamah tah pun Nini ngantunkeun taun 1975 -76 dina yuswa 105 taun, janten tiasa dikinten kinten taun sabaraha kajantenan, tapi dinu dongeng ieu siga kajantenan teu acan lami, hatur nuhun
    wasalam
    Dedin

    ReplyDelete
  6. Hapunten yeuh pangersa, saleresna ieu dongeng kajantenan taun sabaraha? Kumargi pribadosmah kantos didongengan ku pun Bapa yen pun Nini kapungkur ngalaman masantren dikeresek waktos nuju anom nya aya jin nu ngaganggu pasantren tapi sanes ti hasby saurna di ajrak kinten kinten kitu dongengnamah tah pun Nini ngantunkeun taun 1975 -76 dina yuswa 105 taun, janten tiasa dikinten kinten taun sabaraha kajantenan, tapi dinu dongeng ieu siga kajantenan teu acan lami, hatur nuhun
    wasalam
    Dedin

    ReplyDelete
    Replies
    1. Kajadian taun 1939 dugi ka taun 1994, Mimiti dina malem Kemis tanggal 12 Rayagung 1259 H. Kitu anu kacatet dina bukuna anu diserat ku HASBA, nenehna K.H. Hasan Basry anu saleresna nyapertikeun tokoh utama nyaeta K.H. Busrol Karim anu saleresna mah rama anjeunna.

      Delete
  7. Duh keresek waas, tempat tempa para ulama, syiar agama d pulo jawa, khususna pulo jawa barat, mugia sing langgeung dugi ka akhir. Aamiin ya robbal alamiin

    ReplyDelete