Sunday, August 30, 2015

Leungit Diiwat Dedemit (2)

Ku : HASBA



Nyawang kaanggangna girangeun lemburna aya pasir monclot nu katelah “Ragahiyang” cènah, di dinya tèh aya makam Sunan masih tètèsan ti Sunan Cipancar nu aya di Limbangan, ngahiyang di èta lembur, nepi ka ayeuna nelah “Ragahiyang” tina asal kecap “raga” ngahiyang nyaèta ngaleungit.  “Moal kitu aing ogè cara Sunan Ragahiyang?” ceuk pikir manèhna ngarasa reueus, ajian geus kataèkan.  Tuluy nadahkeun leungeun ka langit bari nyanghareup ngulon katinggal di lembur mayakpak ancal-ancalan.  Kacipta pasantrèn Kèrèsèk lebah-lebahna baranang ku sinar listrik.  Manèhna ngusap beungeut, ari brèh manèhna beunta nyampak geus aya di handapeun tangkal jambu aèr hareupeun bumi Ajengan.  Di bak masigit tingkocowak sora santri keur warudhu.  Di masigit sahèng sada gaang,ku nu keur tadarusan Qur’an.
Kitu biasana kahirupan di pasantrèn beurang peuting teu aya reureuhna, ngageder ku nu ngaji atawa mudakarah kitab di barengan jeung sempal guyon.  Korèlèng manèhna asup ka dapur, kasampak Mamat keur ngasur-ngasur suluh ngahaneutkeun sangu keur sahur, manèhna milu siduru. Teu kungsi lila kulutrak Nyi Ajengan nyampeurkeun Mamat, ampir ngadupak irung manèhna.  Malah ngupat manèhna nyaritakeun, “Ka mana Mat ari Si Alèp teu katempo-tempo?” Manèhna geus hayang ngajleng-ngajleng baè rèk ngabekem sungut si Mamat, sok sieun buka rusiah yèn manèhna keur ngamalkeun wiridan.  Tapi ras deui sok sieun ngabarubahkeun Si Mamat ngajerit aya nu ngabekem teu puguh jirimna. Ajengan teu ngarasa leungiteun da waktu ngaji karèrèt aya milu.
Harita poè Salasa tanggal 22 bulan Romodon, barudak santri obyag ti janari kènèh rèk arindit ka Garut mur karèta api “Jim Wèst” atawan kuik, nu pangsubuhna miangna ti Cibatu rèk milu jajap Bi Empèh indung-indungan santri, kabiruyungan aya nasib jarah ka Mekah. Di jalan ngaguruh ku nu maca barjanji dipirig ku soran genjring”
Tolaal badrualaina
Ma da-al lillahi Da’i
Ayyuhal Mab-us sufina
Ji’tabil amril muto’i

Urang lembur tamplok ka jalan pada hayang nongton nu rèk miang ziarah ka Mekah.  Katambah kahudangkeun ku sora nu halimpu nu mingpin maca barjanji, kabèh geus apaleun ka anu boga sora moal teu bentang panapan Nyimas Nurjanah nu rancunit putra Ajengan, ku payus geus geulis ngeunah sorana.
Sok mindeng barudak santri ngintip di kolong, ngadèngèkeun galindengna sora Nyi Udrol carita romantis dina kitab Hudori. Sakalieun Nyimas keur tadarusan di kamarna. Merenah dina gunahna, keuna dina ihfa jeung idhomna nurutkeun èlmu tajwid.

Sapaparat jalan liliwateun sung-song nu marunjungan ka Bi Empèh nyarium tangan, nu bari rawah riwih baè aya, sasat nu ka Mekah mah dagang nyawa aringgis teu papanggih deui meureun. Di setasion kareta api ngaliud ku nu jajap, nya nu terus naèk rèk nganteurkeun nepi ka Garut, aya ogè nu pamit bari tamada ngan bisa jajap nepi ka stasion Cibatu.

Teu kungsi lila bèl kareta api distasion disada mèrè tangara yèn moal lila deui kareta api rek miang, panumpang ting kalacat unggah, nya kitu deui rombonganjamaah nu rèk ka Mekah.  Gerbong èta mah teu kaselapan panumpang nun sèjèn, pinuh ku kadang wargi Bi Empèh jeung santri.  Nu baradagna saperti Mang Makin, Mang Usèn Lurah Santri, Dèn Totoh nu hayangeun ka Nyimas Nurjanah, duka teuing ari jinisna mah, kaasup cau ambon dikorangan kanyèrè ka pipir-pipir, nu hayangeun sapantar jeung manèhna Ijudin orang Sukabumi si Borohol, Uwoh jeung Sirod, Endang Chèpron ti Cileunyi nu ngomongna siga ngolomoh ès bonbon jeung rea-rea deui.

Pluit panjang disada, karèta api ngageleser lalaunan ninggalkeun setasion Cibatu. Di luar tinggarupay ku saputangan bari sakapeung dipakè nyusutan beungeut  nu rambisak, palebah tanjakan Wanakerta karèta jalanna ngarayap. Gujesss! Gujesss! Siga nu kaserang panyakit ashma, nangenkeun geus kolot dihakan waktu, ninggal titimangsa jieunan ti pabrikna aya nu geus puluhan taun.
Kondèktur mapay mulutan karcis rèk diguntingan. Alèp biwirna ngagerenyem sigana keur mapatkeun ajian, aji halimunan da èta sakitu kondektur pagiling gisik jeung manèhna, molotot siga mata peda teu nènjoeun ka manèhna pon kitu deui di lawang pèron manèhna labas taya nu nanya nu nakon, tug nepi ka lawang pandopo kabupatèn, Kapan batur mah tong boro asup ka pendopo, deukeut ka lawang ogè geus di usir ku patugas ari lain makè tanda panitia mah na dadana.

Dio jero pendopo manèhna olohok keur mah euweuh nu wawuh ari lain Bi Empèh mah, ngan pajauh da dipisahkeun jamaah awèwè jeung jamaah lalaki, katurug-turug loba tempoeun, ma’lum saumur dumèah kakara harita nincak pendopo.  Keur anteng ngalamun lantaran teu aya batur ngobrol, ujug-ujug aya nu nyampeurkeun hiji lalaki paroman urang Arab pakèanana sing sarwa bodas. Ketu haji dibeulit ku sorban, jubah bodas, leungeunna teu lèsot ti tasbè terus dikucel teu eureun-eureun. Ieu tèh nu sok disebut “Sèh” tèa meureun tukang ngurus jamaah haji, ceuk dina hatèna. Leuh mun manèhna ngajakan aing ka Mekah, ah rèk daèk baè.
Dijieun hodamna ogè kadar bisa jarah ka Mekah asal ulah dijieun abid, bejana sok dijual sagala. Èyyy...  bararaid boga keneh kolot nu ngurus.

Èta tuan tèh ka manèhna ngenalkeun ngaranna Hasan. Ka ngaran manèhna geus apaleun, malah harita ogè ujug-ujug miheulaan nanya, ”Alèp, lain rèk ka Bandung nepungan Bibi tèa?”Aèh-aèh bisa neguh hatè uing, ceuk pikirna. Da kasasaha ogè tacan betus, bener èta ari ngajamna mah ngan mandeg-mayong Èra teu boga baju alus jang nyanyabaan.

Keur kitu taktakna ditepak, “Tong sok noong ka kolong, dunya teu sadaun kelor. Tuh tanggah!” nyaritana kitu tèh bari nunjuk kaluareun pendopo. Manehna ngagugu, ana brèh tèh kota Garut salin rupa, agrèng leuwih tisasari. Manèhna ngiclik nuturkeun siga kebo dituntun tendokna dibawa jalan-jalan mapay toko. Waktu asup ka toko kaèn manèhna dititah milih kaèn pibajueun, “Pèk milih hayang nu kumaha?” Atuh manèhna tambah kapiasem sagala kabitur. Sanggeus cop jeung hate kaèn sasateleun calana pantalon jeung baju dibungkus diasongkeun ka manèhna. Teu werat nganuhunkeun.  Tikoro asa beurat kapeungpeukan ku cipanon bakating ku atoh. Sanggeus ditampanan diasupkeun kana tas Ganèfo wadah salin nu teu lèsot ti tadi, ayeuna manehna geus aya deui di pendopo.

Sakedèt nètra naon nu diciptakeun harita aya hareupeun kadaharan anu ngareunah kari kop aya buah, apel, jeruk Garut, kuèh-kuèh, malah korma pisan geus nyampak kari am.
Kaputeun tèa ku manèhna disesep-sesep kana bujureun. Na hatèna aya kereteg mun ditunda dina salon rèk diselapkeun dina handapeun kentèng.  Naha bet karagap dina pangdiukan aya kentèng. Asa di sawarga mun enggeus mah, bejana ceuk nini ari nyiaran bari marèndè sok ngagelendut ngadongèng, jaga di sawarga teu kudu hèsè cara ayeuna hayang lahang kudu nyadap heula, hayang dahar kudu daèk nyangu heula. Asal dicipta hayang bakakak hayam jol hareupeun, kitu sasauranana nini bari ngusapan sirahna bangun deudeuh ka nu jadi incu, ayeuna aya gantina nini nu nyaah ka awak nyaèta Tuan Sèh malah leuwih, sabab lain ukur dongèng ieu mah nyata jeung sokna, ngan manehna teu werat tatanya.

Kana ceulina ngèng aya sora tan katingalan pokna,”Bandung!” hatèna makè mèrèan hayang ka Bandung, jleg manèhna geus aya di hareupeun imah bibina di Gang Pamarset Bandung. Teu ngadagoan panto dibuka manèhna geus aya di jero.  Bibina keur ngusek masak nyampakeun Emangna meureun, nu moal lila deui balik ti kantor. Bibina harè-harè teu malirè kanu anyar datang. Padahal bibina biasana sok galèhgèh ngabagèakeun. Barudak palaputra bibina can daratang ti sakola, tapi manèhna teu ngadagoan daratangna barudak jeung emangna, gancang kaluar ti imah geus karuhan bibina teu ngaku mah.

Keur bingung lantaran ka Bandung ngadon kapahing, ngèng deui aya sora, “Yaman! Yaman!” hatènan mèrèan nyaho pangalaman. Jleg manèhna geus di nagara Yaman. Nagara keusik satungtung deuleu. Adegan-adegan wawangunan jarangkung ngajul langit taya aling-aling, jalan-jalan but bet dina sampalan keusik siga urut leumpang undur-undur, aya jalan nu kènca katuhueunnana dipager ku tangkal keur meuhpeuy bubuah ruruntuyan kawas buah caruluk.

Eta jalan brasna ka istana raja Yaman. Manèhna dibawa ka dinya dibarengan ku tuan  Sèh tèa.  Hulubalang nu samakta ku pakarang dina pakèan kadinesan cara gambar  Aladin ngahormat ka manèhna. Sup ka jero istana, panon molotot teu ngiceup mata simeuteun nyaksian kaèndahan gedong katut pangeusina.  Di balairung kabeneran keur aya gempungan para gegedèn katut pangagung, nu laladèn istri-istri pinilih, tiburicak ku rarangkèn ratna mutu manikam.  Ka manèhna loba anu ngabagèakeun najan kakara panggih siga nu geus waranoh, malah nyaraho ka ngaran-ngaran. Hatèna ngalenyap waktu ditanya ku nu gareulis, jajatung asa coplok, saumur kakara ditanya ku nu geulis, seungitna parfum ngadupak kana irung nambahan geumpeur, samar rampa teu puguh cabak. Ieu meureun nu sok digambarkeun ku Ajengan dina syair Arab anu kieu unina:

Hawaya ma’arrokbil yamanina mus’idu
Hatè tibelat kanugeulis urang Yaman
Kelèt socana nu matak nyèrèdèt
Jung nangtung mileuleuyankeun
Ku Iklas ninggalkeun diri
Nu kantun katrèsna ati

Hanjakan manèhna teu bisa lila di nagri Yaman, lantaran ngalanglang buana can tuntas, ngeng deui kadèngè sora nu manèhna geus apal sora pangajak hatèna. “Habsyi! Habsyi!”, kawas kernèt nyiar muatan sakiceup manèhna geus aya di nagri Habsyi! (HANCA!)



No comments:

Post a Comment