Têror Horor Jin Islam
Ku : HASBA
Harita mah bororaah inget kabêh gê, katutup ku kasieun, jeung
tambah ketir, munggah tariis suku. Lain ting rarempod deui, tapi kokoplokan wêh kulantaran aya hujan taneuh beureum
pangawuran ti luar nu beuki loba baê asup ka imah!
Asupna nu anêh têh, naha ti mana jolna
da panto jeung jandêla narutup. Kabêh pangawuran jiga nu dibahêkeun baê. Datangna nu panglobana ka Ma Êcoh da mungguh
pinuh manêhna mah ku taneuh kana huis-huis.
Keur ketar-ketir jeung sieun kitu, na ana gurudug têh Êsin ti dapur nu
keur ngasakkeun tumpeng maksud rêk ngarewahkeun lumpat ka tengah imah bari
calawak. Buuk ngarumbay pibasaeunana mêh
ngarewig da gelungna udar. Naha manêhna
mani sabeuleugeunjeur, sakalumpat-lampêt têh saenyana teu êra lumpat bari anolêkak. Mani beresih pisan teu aya hahalangna kanu
sok diimpen-impen, bisi katêmbong batur.
Harita mah buligir atra ka awêwê ka lalaki kanu araya di tengah
imah. Têtêla manêhna keur kalap, da teu êra-êra
sigana têh naian manêhna dina orat pada ngalalajoan têh. Gawêna calawak teu beunang ditanya. Barang diparancahan ku Ma Êcoh nu tas utah
sisig jeung ku sakur anu aya nu milu êra ku peta Êsin kitu. Ana gorowok têh manêhna: “Tulungan Êsiiin!
Sieueueun! Ka Êsin aya anu ngajenggut gelung di dapur tuluy ngabedol samping!”
Lantaran manêhna mageuhan samping, ana belewer têh mani bangbaraan sorana kana ceuli aya nu malêngpêng. Mêh baê kana beungeutna pisan. Hadêna teu keuna heug ku gamparan lilinggaan. Dilieuk saha nu boga lampah kitu, katukang, kamana mendi taya jelema saurang-urang acan. Malah panto gê narutup. Geus bêak mah nyarita kitu kakara manêhna inget dikaêra, uman imen terus nutupan oratna nêangan samping.
Lantaran manêhna mageuhan samping, ana belewer têh mani bangbaraan sorana kana ceuli aya nu malêngpêng. Mêh baê kana beungeutna pisan. Hadêna teu keuna heug ku gamparan lilinggaan. Dilieuk saha nu boga lampah kitu, katukang, kamana mendi taya jelema saurang-urang acan. Malah panto gê narutup. Geus bêak mah nyarita kitu kakara manêhna inget dikaêra, uman imen terus nutupan oratna nêangan samping.
Kuring bubuhanana nu boga imah. Nyontoan yên kudu ludeung, da mun kuring nêmbongkeun
ipis burih mah, moal teu birat ti imah. Lalumpatan. Ahirna, ngarugikeun kuring
jeung anak kuring nu perlu kudu pada nungguan têa. Saenyana nitah heula ketah
ka sing saha anu daêk. Da kurin gê dina
hatê mah mandeg mayong, aya wani aya sieun.
Tapi kulantaran sarêrêa mugen, sakitu dibêjaan keur numpeng gê, kapaksa
kuring ngawani-wani diri, hatê diteger-teger bar ingupahan manêh. Inget kana tulisan dina Manglê carita:”Pondok
Jodo Didodoho” nu kieu unina: Sêtan têh digjaya, jurig têh sakti tapi manusa
mah kawasa. Kawasa mun inget ka Pangêran.
Mo êlêh ku sêtan marakayangan, mo bisa karanjingan ku iblis nu mawa sasar kana
lampah. Manusa leuwih mulya jeung
dimulyakeun ku Gusti Nu Maha Suci.
Dileuwihkeun sagala-galana ti mahluk anu sêjên. Dibêrê akal, pikiran jeung bisa nyarita asal
ulah poho ka Anjeunna.
Kuring indit ka dapur. Na atuh ari
lol têh kuring ka goah. Lampu caang kênêh
teu galideur katebak angin, hawu hurung nambah-nambah caangna ka luar, suluh
bener teu barantakan tanda tas diasur-asur ku Êsin. Tapi naon nu aya diluhureun sêêng têh? Geuning lain aseupan eusi tumpeng! Naha bet
jadi aya payung meunang muka jeung muntir kawas kincir. Tapi euweuh nu muntirkeunnana. Têtêla si payung têh di luhureun sêêng jeung
muntir ku manêh. Kuring ngagebeg bari
otomatis maca istigfar. Kuring ngusap
beungeut sababaraha kali. Ngimpi kitu ieu aing têh? Ceuk hatê nanya ka sorangan. Tas ngusap
beungeut deui kuring tuluy mengkek irung.
Karasa deui eungapna, jadi têtêla lain dina ngimpi. Pêk deui kuring panasaran nyiwitan manêh. Karasa deui êta gê nyeri. Nêtêlakeun yên
kuring enya-enya lain ngimpi. Kuring
jadi kasima nangtung lir patung, panon molotot mencrong kana payung nu muntir
apung-apungan luhureun sêêng nu nyêngsrêng ku sora ngagolakna cai. Teu petot-petot diseuneuan. Karasa sungut kuring têh lain molongo da gado
noroktok, awak gê ngeleper. Rêk ngalêngkah
hêsê, rêk ngomong teu bisa pok. Kari panon bubuncelikan gular-giler
kaditu-kadieu. Paingan Êsin gê kitu da
meureun nênjo êta. Nênjo payung teu
eureun-eureun muter tapi teu aya nu nyekel.
Kuring boga kênêh katetepan hatê mana inget kadinya gê ka Êsin têa. Tapi
teu karasa jeung teu ngarti ku naon sababna pangna samping geus goyobod!!!
Horeng kuring têh teu karasa deui geus ngayekyek cara
budak mun ngimpi papang têa. Inget-inget têh geus jibreg.
Ku ribegna baseuh di handap, rada kumpul deui ingetan têh. Baralik sawarêh-sawarêh
pangacian nu tadi kabur têh. Rêt kuring
kana bilik, gebeg deui baê. Molotot! Lantaran sakur parabot dapur saperti
piring, cowêt, mutu, ka songsong-songsong ti hawu bet rapang dina bilik
lalangit! Tapi teu antel da êta ogê kabêh jiga ting pulintir deuih. Songsong muter siga kolêcêr, cowêt jeung mutu
pating garoêng, parêndêng lir dina gambar bêntang jeung bulan. Piring muter bari kakalayangan siga hiber
bari sumbar-samber. Kuring bengong
salila-lia, bari nyorodcod tuur da êta deuih makê karasa yên awahing ku sieun têh
makê jêung muruput ngahitutan manêh sagala.
Hadêna henteu jeung bukurna. Niat
arêk indit welêh can bisa obah. Rêt deui
ka luhur antara lalangit jeung saluhureun sirah. Matak tambah-tambah sawan. Geuningan, di handapeun para, bet rapang aya
katêl, panci-panci jeung lodong wadah cai, kitu deui buyung
wadah bêas, cukil sangu,
dulang, cangkir, bekong. Ah, sagala nu aya di dapur harita weh. Kabêh bet adek
kana para! Kaayaannana bari maluntir
deuih cara kupolahna hiji akrobat!
Malah barang rêt kana priring tadi nu
sababaraha hiji muter bisa mun ayeuna dibandingkeun atawa digambarkeun akrobat
kulawarga Tjan Tjun Ie, anu geus mintonkeun kasenian di Jakarta, kungsi dina
televisi gê. Tapi jauh leuwih hêbat
akrobat jurig di dapur kuring mah. Tjan
Tjun Ie mah barina jujuralitan ngan bisa sakalina têh muterkeun opat piring
jeung aya awina, minangka parabot anu dipakê muterkeunnana. Ieu mah piring anu sababaraha lobana têh teu
makê sumbu jang pamuteran. Rêt deui katukangeun
sêêng, tadina mah rada silo kênêh can pati awas pisan kanu rada poêk. Geuning
aya nu muter deui siga-siga rangap, horêng têh sampingna Êsin têa. Mimiti nangtung bleg, kalêng kurupuk melendungna. Hêg nonggêng ngedeng, jadi siga drum bensin
alias tong kosong. Muter tuluy
gogorolongan. Nênjo kitu ras deui ka Êsin
yên tadina cageurna têh diparancahan têa.
Saharita balik deui pangacian, êling deui kuring têh. Pantes kuring kapupul bayu êlêh jajatên nepi
ngayekyek ribeg sagala jeung tutup tutih da kuring waktu êta lat poho ka Pangêran. Geuwat baê sabisa-bisa babacaan deui, muntang
ka Anjeunna bari ngajerit batin neneda pitulung. Kuring jadi bisa obah tuluy ngarayap ka
tengah imah. Dina balikna ingetan, hatê
têh gedê deui.Tapi naha ari keur ngarayap teh kuring bet dikagêtkeun deui ku ayana sangu-sangu
tumpeng dina gang liliwatan! Ting
arenclo sagunduk-sagunduk, sangu tumpeng têh.
Teu beda ting arenclona kokotor munding di jalan ka kandangna. Ti dapur ngantay ngabarabat lempeng anggangna
siga diatur, siga diukur mêh sarua jarakna, kitu deui gedêna
satampuyak-satampuyakna têh. Tug nepi ka
panto tengah imah tempat nu nungguan anak kuring tea.
Sangu tumpeng ti mana? Anu tina
aseupan têa tangtuna oge, tina sêêng da sêêngna mah apan jadi dieusi payung
muntir gaganti aseupan tumpeng. Kuring
asup kapatengahan pada malencrong, bari nanya naha cênah lila-lila teuig? Ku
kuring can dijawab tapi buru-buru salin heula bisi batur seungiteun. Malum sang cipapang murangkalih deui to ageung
jeung anakan mah, tur rumasa kuring
tibeurangna neda jêngkol. Kacipta ku
para mitra gê. Geus salin kalawan
buru-buru, pok kuring nyarita tina sakur anu katênjo tadi. Brêh di têmbongkeun tingarenclona tumpeng têa
nu aya likurna boa gugundukannana têh. Tuluy ka dapur, sakumaha anu tadi
dicaritakeun kasaksian kênêh ku sakur anu harita milu. Payung muter kênêh bari apung-apungan
saluhureun sêêng anu nyêngsrêng. Kum
sakur anu ditataan tadi, boh dina bilik boh anu mêh adek kana lalangit tetep araya jeung maraên
kêneh. Ari bari lobaan mah nênjona babarengan
bari pacekl-cekel, paantay-antay teu pati sieun teuing. Kuring mah makê bari tutunjuk nuduhkeun
hiji-hijina anu muter têh. Jeung
sura-seuri sagala cara anu bogana êta kamonêsan baê para panontonna, malah teu
karasa makê jeung ngagaya nanaon, da pada muji.
Ongkoh yên kuring têh jelema kandel kawani, ludeungan cênah, teu aya nu
nyangka yên kuring tadi jibreg mah!
Kira-kira geus seubeuh, saumpama mun
lalajo mah, geus têtêla wêh kasarêrêa êta nu muter têh eureun sorangan tuluy
ting kalayang. Siga nu tartib pisan
baralikna kana urutna tadi masing-masing.
Kalayan taya sora ting golombrang atawa ting borobotna piring da taya nu
songhêk-songhêk acan. Payung nutup deui,
lêos ka juru deui kana urutna, songsong, kêlê, lodong, buyung, wadah bêas
kalawna teu cocêng eusina, panci, mutu gê nu ting jalungkir tadi jeung bekong têa. Tarapti pisan sigana têh jeung bêrês
baralikna. Jiga balik ku manêh da teu têmbong nu mêrêskeunnana mah.
Samping Êsin mah nyaho-nyaho geus ngarungkup kanu bogana, ngajadikeun
tibuburanjatna arêk lumpat deui mun teu dijêwang ku anu gigireunana mah. Êsin têh katênjo makê tungkul ngelukeun
sirah, singhorêng mani sakolêpat buuk Êsin jadi nyangreud cara tali dadung
munding!
Sanggeus tanggah deui Êsin têh ngomong
cênah pangna bieu tuluy tungkul têh karasana aya nu maksa nungkulkeun sirah
jeung karasa aya nungagelungan deui. Sarêrêa
ting puringkak bulu punduk. Pok deui Ma Êcoh
ngomong yên tadi basa manehna kaliru kana sisig têh ngabaheumana panglay,
awahing kurusuh sieun teu kaburu ngabura anu
nêmbongan ka manêhna, nyaêta aya anu ngarupakeun hiji istri geulis
dierok ngagayabag siga bengis pisan êta istri têh jeung rêk ngawuran kana sirah
cênah. “Geura ieu tingali sirah Ema mani
pinuh ku taneuh da teu kaburu ngabura ka manêhna!”
“Awêwê Ajengan, jurig teh. Heug, geulis deuih!”, ceuk Ma Êcoh anu jadina bet milu ngadêgdêg. Ras deui kuring inget kana carita Iko jeung Ninina
si Ujang. (HANCA!)
No comments:
Post a Comment