Monday, July 13, 2015

Bagian Katilu

Jin Islam Sakti Ngarah Pati

Ku: HASBA


Jadi aya tiluan anu nyebutkeun aya awêwê dierok bodas jeun geulis têh.  Sapeuting  êta tug tepi ka isuk euweuh nu bisa sarê.  Teu aya anu nundutan lantaran sarêrêa ngaguligah ku sieun.  Arêk papisah teu wani, teu kaop  aya nu rêk ingkah, karêk usik geus wur mantên diawuran taneuh. Tungtungna lir lauk kana bubu.  Sapeuting dina karisi karasana asa sataun.  Ari bray têh beurang mani bareng sarêrêa maca Alhamdulillah, sangkaan sarêrêa piraku beurang-beurang  teuing mah arêk ngawuran cara peuting teuing mah atawa nyingsieunan baê!

Tapi teu sangka... teu nyana-nyana hayam geus rendang tanda geus beurang geus caang malah, tapi naha diimah têh bet bêda aambeuan.  Sarêrêa mengêk irung, aya ogê anu terus ciciduh.  Panon lulungu ku teu pisan sarê sapeuting jeput. Awak lungsê leuleus,  Lapar karasa kusarêrêa da teu aya nu kasuguhan, teu cai-cai acan. Naon atuh anu rêk didahar? Bororaah inget kadinya.  Sapeupeuting  awahing kusieun turug-turug tumpeng gê kepungeun sarêrêa geus diacak-acak jeung leungit sawarêh keur acan asak têh.  Buktina geus ting talambru dina palupuh jalan ka dapur têa.  Saha anu ngadaharna? Ngambeu naon nu  matak cariciduh têh? Puguh gê nu matak sebel na aya bau ratuna bau! Alias bêh dituna bau! Hitut sigung mah leuheung keneh!

Tadi peuting mabok ku panglay matak hêsê ngambekan. Tina matihna parancah Ma  Êcoh anu malik teurakna bet ka manusa lain ka jurig.  Buktina jurig mah ngadon ngalebok tumpeng  jeung ngamaênkeun parabot dapur kawas  akrobat,  tuluy deuih ngawuran taneuh.  Isuk-isuk ngambeu nu bau-bau êta... bau... tai! Naha ari jurig sok modol kitu? Ceuk salah saurang anu sompral jeung teu kuateun ku bauna.  Na aya bau  peledek mani asup kabêh asana têh kana irung sakieu lulungu kapaksa ngorêjat ku awahing bau!!!

Kuring deui baê anu pangheulana nênjo naon buktina anu bau têh.  Sarêrêa nyangka kana kokotor , aya ogê kana bangkê.   “Mun teu taina tai, taina bangkê tai!” Ceuk Ma Êroh bari mengêk irung. Paraji  anu geus mimiti gêhgêran têh.  Ari tanggah têh kuring ka lawang para, aambeuan têh beuki nyegak baê kawas datangna bau têh ti para.  Kuring nyangka kana bangkê anu butatayan.  Barang rêk disidikeun, brêh têh katinggal di juru lalangit aya nu ngoyondon jeung siga-siga baseuh.  Ku kuring dideukeutan, têtêla lain sigana deui baseuh teh tapi ngucrak siga-siga aya caian diluhurna. Malah aya nu nyakclakan teu eureun-eureun kana palupuh ka jero imah.  Tah êta, cai êta horêng anu bau têh. Cai naon atuh da kiruh geuning  ngeclakna têh.  Geuwat baê nyokot tarajê.  Lalangit baseuhna geus lega naker, bêh pojok baseuh jeung rembes ting karêclak.  Ari dibuktikeun têh ku kuring sabatur-batur di luhur  para.  Ya Allah, matak gila jeung sebel. Mani meh utah kuring saharita.

Têtêla di para têh aya nu jiga kokotor jelema. Ngagunduk nandingan hunyur, ngabayabah sagedê tampir gedê.  Nu hêjo têa rupana têh, bangun nu mêncrêt tapi loba, guguruntulanana mani sagedê hulu kuda.  Naha mani loba-loba teuing?  Jeung saha nu kababayan di dieu?  Irung kuring  jeung babatutan jadi imum deui, awahing kulilana ngambeu  anu bau.  Asa teu pati kaambeu deui.  Naha kokotor sakitu têh ti saurang atawa ti sababaraha urang? Mun ti sababaraha urang mohal, da sarua pisan rupana.  Nu kitu mah apan sok bêda, bêda lawang pamiceunannana sok bêda jenis!   Mun saurang sakitu lobana?  Kuring geuwat marêntah supaya ngabuka kentêng  sangkan nyambuang bauna kabur kabawa-bawa angin, sina kaluar  ulah ngulibek bae di imah.  Tuluy diberesihan ngahiras saayana nu hadir.  Kuring hêmeng mikir:” Kakara Jin hiji cadukna geus sakitu dungkukna.  Hêg têh awêwê deuih, tur putri cênah! Sok komo mun lobaan! Sok komo lalaki anu leuwih rewog.  Ieu mah putri mani geus ngahunyud sakitu gedêna.

Walhasil ceuk bêja anu ngambek ka kuring têh putri raja.  Hartina têh jin bangsa intelêkna, malah piratueun nagri Habsyi.   Lain jin kuricakan anu ngan sakadar ayana di jarian-jarian nu rarujit tapi di karaton tangtuna gê.  Lain kêlong nu sok dina caringin canêom, lain kunti nu sok iirihilan mapay-mapay solokan.  Lain ieu mah jurig nu modêl kitu, apan ngaranna gê Siti Kolbuniyah.  Ngaran nu alus pisan tanda santana turunan raja.  Malah Islam agamana ogê da buktina bisaeun ngaji nu sakitu alusna.  Têtêla digjayana da teu taluk ku kulayu, teu nyingkir ku ayat kursyi. Batan disinglar ku Ma Êcoh ahli parancah gê kitu.  Buktina deui ku kuring geus diayatkursian anggur maên cara akrobat jeung tuluy maok tumpeng.  Pêk modolan têa nu sakitu  hêbatna! Sanggeus rêngsê, ceuk salah saurang  anu beberesih: “Ari bauna mah pantes, Ajengan Anom, upami jurig awêwêna têh!”.  “Heueuhlah!”, ceuk kuring bari kapaksa jadi seuri, seuri konêng-konêng baê mah... Kumaha satuluyna dina ngalawanna ka manusa nganyatakeunsakumaha susumbarna saprti anu diucapkeun ku Iko dina pupuh durma?  Kê  kasampeur deui di hareup.

Ayeuna urang nyaritakeun heula kumaha terusna poê êta.  Sanggeus  kuring sareretu saluar imah jeung para tina najis anu kacida tadi.

Poe êta gêhgêr sa-Kêrêsêk-na. Guyur sa-Cibatu-na. Êar nepi ka Cibunar.   Kadêngê ka Warung Bandrêk. Ting torojol urang Pasir Jêngkol, tingkurunyung urang Sumur.  Daratang urang Limbangan, ti Pasirlaja jeung ti Congkang.  Jadi carita sakur jalma, bêja pabêja-bêja deui.  Pantes pangna kitu da atuh anêh leuwih ti matak hêlok aya jin jeung kababayan sagala mah can aya nu manggihan.  Ku kituna jadi rabul anu hayang nyaho, da kabêjakeunnana mah cênah gagalancangan si jin têh cara jelema biasa.  Heug geulis da putri, tur nêmbongkeun rupa-rupa kamonêsan.  Anu sejana percaya nyanggakeun panglayad loba,  anu lalajo baê teu kurang.  Mênak-mênak nu dareukeut babakuna ti Cibatu nu pangheulana cunduk.

Ti antarana aya saurang anu pangkeukeuhna palay uninga kana jin, jeung dibarung ku teu percaya têa meureun gegedêna mah.  Nyaêta juragan mantri Cacar. Poksang anjeunna nyaurkeun hayang uninga dirupana jin.  Kieu saurna : ”Cing siga kumaha rupa jin têh, sina nêmbongan ayeuna kadieu!” Bari sada-sada suaban têa kadêngêna têh.
Na ari rêpêh sasauran, ari sebrot têh luah jeung tampolongna nyêblok kana raksukannana bedahan tutup.  Raksukan bodas istrikaan nu anyar kenêh pisan.  Ti mana datangna tampolong?  Luah saha? Teu aya nu terang.  Sanggeus raksukan bodasna jadi siga dicelep beureum, ana kalayang têh aya keretas murag kapayuneun anjeunna.  Keretas kosong beresih teu aya tulisan nanaon.   Ajaib! Ari keretas geus ngagolêr  hartina geus namprak di handap, ana baranyay têh dina keretas aya aksara anu siga nulis ku manêh.  Si keretas datangna têh sorangan da taya nu nulisna.  Ngabarabat gancang naker. Diseratna ku patlot beureum teu bêda ti urang lamun ningali têks film têa geuning.  Nyakitu nyaho-nyaho barabat baê aya bacaan dina layar bodas. Tah êta ogê kitu. Sahiji-sahiji aksara têh nungtutan datangna tapi gancang.

Naon unina tulisan beureum dina êta keretas?  Ancaman nu matak muringkak bulu punduk, da kieu unina:” Gancang manêh balik bisi dicekêk!” Ngan sakitu-kituna unina têh.  Na da mani purat-pêrot êta Juragan Mantri Cacar têh jingjrit, indit bari ngusap birit têh saenyana, teu nolih deui ka tukang .  Noyod rurusuhan bari ngadêgdêg.  Ka kuring gê teu kungsi pamit-pamit acan.   Rupana awahing ku sieun jadi gancang-gancang mulih.  Puguh baê matak hawatosna mah, ari tadi indit ti bumi beresih.  Ari mulang jadi belang mêrah putih ku luah satampolong.  Ka urut-urut santri Kêrêsêk anu marilu ngalaman waktu harita kajadian, nyaêta dina samemeh Perang Dunya ka II, tiasa di paluruh disaksikeun bener henteuna êta kajadian têh.

Dina hiji mangsa kuring sorangan ngalaman direuwaskeun cara Êsin, malah leuwih.  Êsin mah pilakadar ku gamparan lilinggaan, ka kuring mah ku bedog anu ngagurilap hêrang awahing seukeut meunang ngasah.  Duka bedog  ti mana sareng nu saha.  Sarêatna mah bedog buatan Cibatu Sukabumi (Cisaat).  Peutingna kuring ngimpi, di dituna têh patepung jeung Mama Almarhum (Bapa Kuring). Anjeunna miwejang ka kuring supaya sabar jeung tuluy miwarang geura hudang.  Ulah beuki teuing sarê, ulah kamalinaan.  Ulah asup ka kamar anu tulakkan nulak ku manêh teu pupuguh.  Ulah sarê dina jam sakitu (salah mangsa), jeung têang saurna têh dina handapeun teuteundeunan aya pakarang.  Korêjat kuring hudang  tina ngimpi kitu têh, bari terus maca Alfatihah dihaturkeun ka Mama, kuring kurah-koreh ka handapeun sakur  teuteundeunan têa, ana gorêhêl têh nyata têtêla, aya bedog ramping pisan seukeut meunang ngasah jeung peso cukur mashur, nu mashur seukeutna jeung alusna. Pêso cukur weuteuh cap rambut mata buatan Jêrman.  Tah harita kuring mêh bobor  karahayuan têh.

Keur tumaninah cicing naha ana kalayang têh aya bedog hiber nyamber kana beuheung.  Hatê kuring ngalenyap bari nyebut  Allahu Akbar, asmana Allah.  Mun teu aya pangraksa Anjeunna, beuheung teh kana sapatna atawa mun kana sirah mo teu beulah.  Lain ngahiuk deui sora bedogna moro beuheung têh, tapi ngahêang awahing ku ramping jeung tari pisan nyamberna!

Alhamdulillah,  kuring salamet.  Awak kuring teu kagorês-gorês acan.  Salaputna bedog  nu nyamber beuheung kuring, ragragna bedog teh nancleb kana bangbarung kai mani mêh laput saparona.  Sakitu bangbarung kuring têh kai kahutanan kelas 1 rasamala anu kasohor teuasna jeung geus garing, tangtu leuwih teuas ti anu baseuh. Nyabutna deui eta bedog teu gampang atuda sakitu jerona.  Sakumaha tarikna ngahuembat êta bedog nu ditujukeun ka kuring ku sarêrêa tangtu kamanah.  Bedog diakalan pada nyabut têtêla bedog  Cisaat deui baê ninggal buatannana mah.  Gancangna bedog  diampihan.

Ti harita kuring sainca-incak aya karisi.  Hariwang salempang bisa kumaha onam.  Hatê teu petot muntang ka Pangêran.  Kuring jadi kurang dahar kurang sarê, bari bulak-balik nyekar jarah ka pasarêan Mama ngintiun du’a bari neda berkahna.  Karasa ku kuring anu kontan pisan berkahna ti Mama têh, sanaos  anjeunna geus teu gumelar di alam lahir, saban kuring tos nyekar têh peutingna sok meunang ilapat saperti katulis di luhur.  Panggoda nu lain ngagoda tapi nyata-nyata arêk ngarah pati kuring, jeung nyingsieunan manusa tambah  poê tambah rosa.

Pikeun kasabaraha kalina boa, dina hiji peuting sanggeus ti beurang kuring jarah ka makam Mama, kuring nampa deui ilapat.  Kuring ngimpi,  Ngimpi di sumpingan deui ku Mama.  Didituna têh têtêla pisan anjeuna ngadawuh kieu:”Sing sabar baê euy! Kitu-kitu baê mah... Mun dibandingkeun jeung panggoda jin nu baheula nyoba ka Bapa manêh nyaêta nyoba-nyoba kana kasabaran Mama, kateguhan Mama ka Pangêran nu ayeuna karandapan mah teu jêrê-jêrêna can.  Ke lamun manêhna maksud jail têkad jahat, lakuna matak nyilakakeun Insya Allah rêk dibêjaan,  jeung diraksa!”

Nyah têh kuring beunta mani nongtorêng kênêh kasauran Mama anu tadi kana ceuli, katênjo kênêh kumata ati bungkeuleukannana Mama keur sasauran dina lomari anggoan sapopoena nu salawasna rapih beresih simpatik.   Bari calik anjeuna ninggali siga-siga merhatikeun ka awak kuring nu geus kuru, leuwih ti orot awahing ku susah. Geus lila kuring teh teu ngeunah dahar ,  teu ngeunah sarê jadi kurang nginum sagala.  Tawekal ka Pangêran têh kuring saenyana, jeung dibarengan ku niat minangka puasa ku nalangsa aya muslihat anu leuwih ti batur.  Kuring  ngarampa iga bari nangkarak bengkang.  Harita têh enya geus nyaring têa mah, tapi can hudang.  Bari ngedeng panon ngahêrang, karampa iga kuring têh geus norêlak lir gambang.

Paingan loba nu pangling ka rupa kuring.  Loba nu nyebut  begang, celong, pias cara nu gering.  Karasa sapopoêna ogê ku kuring pribadi, badan têh asa kokolêangan hampang, da saenyana kuring harita teh gering nangtung ngalanglayung, lain muriang beukah kawayah .  Kuring moyok ka awêwê nu sok juuh.  Peuting êta bet êpês mêêr? Babakuna pisan asa kasuat-suat ku kasauran Mama dina impian tadi.  Ku pameunteu Mama nu mureleng kana awak kuring nu geus suda jeung mawa bêda kana rupa lantaran gering pikir.

Lisan Mama peta-peta jeung ucapan nu dina impian têh pikeun batin kuring mah pertanda kumaha welas asihna anjeunna ka kuring.  Kumaha nyaahna Bapa ka anak, tug tepi ka anjeunna dina alam halus masih kênêh kumalayang kasucian rohna, nangtayungan anak nu prihatinm, geus puguh keur anjeunna jumeneng, ngatik kuring ti leuleutik, ngarorok ti orok, ngaraksa ti bubudak, taya banda kinasihan, sagala tamplok keur anak nyaêta kuring.  Dijaring beurangna peutingna, dijaga sandang panganna, diwurukan êlmu pangaweruh bari diogo kuring  têh didama--dama, boro-boro nu rêk mahala tea, dicoco reungit oge ulah sigana kuring teh,.  Kuring inget-inget poho ari anjeunna geus ngemitan kuring mimitina dipêpêndê bari dihariringan ku soanten dina nadom nu halimpu lagu pangayun-ngambing. 

Diusapan kuring têh bari digeberan ku anjeuna.  Êta kabêh bêt jadi kacipta deui, asa kabêh balik deui saharita.  Tatali asih batin ti Mama, gambarna kanyaah anjeuna ka kuring , tug kanu tadi nu katenjo dina impian.  Kana paneuteup  anjeuna nu seukeut tanda pinuh ka asih ka awak kuring asa nyelekit.  Asa ketir, hatê asa nyeri lir dicocogan jarum, nyeri ku prihatin tibelat sagala aya, êling deui ka anjeunna.  Lantaran... ku can aya tandana ti kuring , pamales bukti ka anu sakitu asihna. Teu karasa deui panon kuring  jadi baseuh, leungeun kuring ngaragap deui iga nu norêlak lir gambang.  Panginten Mama ngahelas ningali waruga kuring nu ayeuna, anu keur menuang tekanan batin. (HANCA)

No comments:

Post a Comment