Sunday, July 12, 2015

Bagian Kahiji

Awal Mamala


Ku : HASBA

Kajadian taun 1939 dugi ka taun 1994 mimiti dina malem Kemis tanggal 12 Rayagung 1259 H.


Kẻrẻsẻk tẻh ayana di wewengkon Cibatu bawahan Kabupatẻn Garut.  Piraku ka Cibatu mah tara nu bireuk, hiji stasion Karẻta Api antara Bandung-Tasikmalaya, simpangan ka Garut Cibatu.  Ti stasion Cibatu aya jalan ngẻtan dugi ka pertelon payuneun Kantor Pos. Anu ka kalẻr meuntasan pintu jalan Karẻta Api, notog ka Pasar mẻngkol ngẻtan.  Brẻh deui aya pertelon.  Tah ti pertelon ẻta anu ngalẻr brasna ka Limbangan.  Anu lempeng ka wẻtan, ẻta anu ka Kẻrẻsẻk terusna mah ka Warung Bandrẻk tepung jeung jalan ka Tasikmalaya.

Perlu kauninga wirẻh Kẻrẻsẻk tẻh Pasantrẻn kahot wewengkon Garut, dijarugjug ti jauhna didatangan ti anggangna ngaradon tolab ilmu.  Santrina aya ratusna. Malah kasohor mah mun harita rẻkorder geus aya. Meureun kuring ayeuna teu kudu ngaluarkeun hojah, kacapẻan capẻ nyarita panjang cara kieu.  Ditambah ku ngahambur-hamburkeun kertas jeung mangsi, ku nyetẻlken pita soara ogẻ cukup. Tur matak sugema tẻa, da kuring gẻ saẻnyana mah dẻdẻngẻeun kẻnẻh.  Asa gantung dangu kẻnẻh baẻ ku halimpuna sora ẻta jin ari ngaji.  Hadẻ sora hadẻ qiro'atna, alus mahrojna, ninggang pisan siddahna, panjang pondokna, idhar idghomna, sumawona ihfana.  Mani asa dipẻpẻndẻ tẻh lain heureuy.

Hiji mangsa kasaksian ku ratusna jalma sabab ngajina "Nyi Siti Qolbuniyyah" kitu ngaran ẻta jin Islam awẻwẻna tẻh.  Dina turun imbar lebaran haji.  Nu diaji surat Yusuf, kadẻngẻ teu jauh tina ceuli.  Mana tẻtẻlagẻ kaalusanana sora dina ngucapkeun kalimah Quran. nu ngaji tẻh saperti aya di hareupeun urang sarẻrẻa anu tamplok saayana nu tos sunat Idul Adha.  Sakapeung sada di tukangeun, atuh bereyek malik ka tukang. Ngudag-ngudag sora.

Sakapeung tẻtela sapẻrti di para, atuh bareng sarẻrẻa tanggah.  Sirah, ceuli, jeung hatẻ teu cicing nutur-nutur.  Kapincut ku kanimatan alusna sora, malah siga-siga loba nu teu sieuneun deui.  Ditambah deuih ku kaanẻhan, rẻhna dina saban ayat anu tamat diucapkeun/diaji dina tiap akhir surat clẻk tẻh aya paraf S.K. tapakna mah makẻ patlot beureum.  Naon anu eta teh, nyaẻta ngaran manẻhna anu keur ngaji makẻ aksara latin.  Pondokna tina Siti Kolbuniyyah.  Neundeun parafna tẻh dina Quran nu dipakẻ ngabandungan kunu araya.  Kasaksi kabaca ku sakumna anu hadir.  Cacak mun kuring boga pamotrẻtan mah harita, tepi ka ayeuna gẻ meureun aya fotona, pintonkeuneun kanu sami panasaran, nu lumrahna sok kudu baẻ yakin kana bukti anu nyata.  Sakali  deui kuring kacida hanjakalna, meureun teu kudu nyaritakeun da ngan kari nẻmbongkeun wungkul.

Ieu pangalaman anu dicaritakeun di luhur thẻ dibobok tengah-tengahna ari asalna mah pangna aya ẻta gangguan tẻh kieu:

Asa teu pira dosa tẻh, dina hiji poẻ kuring pangangguran, aẻh, lain pangangguran kẻtah, da saha jelemana nu teu rẻk cara kuring lamun manggih oray luar-lẻor ka imah, atawa ka tempat-tempat anu lain pantesna aya oray.  Lain di tempatna oray tapi di tempatna jelema.  Eta oray nu luar-lẻor tẻh oray hideung.  Bari gila jeung sieun bisi ẻta oray macok, beletak baẻ kuring neunggeul ẻta oray.  Jeung ngan sakali-kalina deui neunggeul tẻh.  Da meneran pisan kana huluna.  Bubuhan neunggeulna ku beusi urut suku ranjang, mani pejẻt huluna tẻh mana terus paẻh ogẻ teu ngerejet deui.  Teu kudu dipindo, iwal ti dikoreh-korẻh dipiceun mah. 

Naha isukna Hasan jeung Husẻn anak kuring sarua pisan cenah ngarimpi.  Impiananana kawas-awas anu beunang badami.  Ngarimpikeun sarua pisan, nyaẻta ningali mayit lalaki ngajolopong sirahna pinuh ku perban nu baloboran ku getih.  Tunjangeun ẻta mayit aya awẻwẻ geulis , makẻ pakẻan rok pangantẻn,  siga-siga pakẻan pangantẻn kulit putih.  Padahal mah cenah ẻta anggoan pangantẻn putri Mesir.  Rok bodas ngarumbay nutupan sakujur awak. Bodas ting burinyay, beungeutna heug kasinaran ku riasan raray anu pulasna alus.

Cindung nutupan beungeut sabeulah da nu sabeulah deui mah ku dipakẻ nyusutan cipanon, pipina nu siga kadu sapasi ku muka na kitu jadi katẻmbong taya aling-laing.  Malah katara baseuh ku cimata.  Panonna nu cureuleuk bẻntang beureum jeung rambisak. Cai matana nyurulung maseuhan bulu panonna nu carentik panjang munggah cipruk.  Najan keur kitu katara awẻwẻ tẻh rancunit geulis.  Surup jeung payus pakẻna kana pangawakanana nu jangkung leutik lenjang ngalangkoyang konẻng.  Cẻna eta nu geulis tẻh horẻng pangantẻn anyar, keur nyeungceurikan salakina maot, nyaẻta anu ngajolopong hareupeunana.  Manẻhna tẻh horẻng keur satengahing olẻng pangantẻn.  Keur sarua geugeut jeung meumeut keur layeut ngajiji.  Lir gula jeung peueut.  Karẻk pisan tas kawin. Kari-kari salakina aya nu maẻhan.  Nu geulis ngeluk tungkul bari sesegruk, paturay jeung jungjunan buah atina panglamunan cita-citana nu geus lila arẻk ngahiji tẻh laksana.

Rangkep sakasuka atina tur karido sepuh jeung sepuh.  Kari-kari ari geus pangantẻn, karẻk pruk pisan geus kapegat ku papastẻn Gusti.  Salaki nemahan pati.  Heug keur aya di lembur batur, da manẻhna tẻh lamun ceuk basa ayeuna mah Bulan Madu.  Ngahaja tepung sono dinu singkur.  Tumaninah dinu anggang jauh ti lembur, rẻk susukaan saban poẻ, rẻk rẻrẻntẻtan ngahaja ngareuah-reuah manah bari nyawang kaẻndahan alam di manca nagara.  Maranẻhna tẻh cẻnah ti nagara Jin ti Habsyi.  Malah putra rajana pisan, alias Putri Mahkota.  Salakina ogẻ anak raja ti salah sahiji nagara tatangga bapana.  Rupana kasẻp raspati nu matak kapilih ku manẻhna gẻ diantara raja-raja anu ngalamar.  Salakina nu ceuk manẻhna meunang ijo-ijo papilijo, meunang milih meunang nẻnjo, meunang papadon barẻto, kari-kari ayeuna maot, heug di nagri batur  di manyang munyung.  Putri ngarasa cukleuk leuweung cukleuk lamping, jauh ka sintung kalapa.  Putri tẻh terus nyuuh sumegruk ceurik lungas-lengis sasambat rakitanana Maskumambang.  Saingetna alo kuring Iko tẻa kalawan dilelempeng deui basana kieu cẻnah:
1.  Duh manusa bet telenges teuing teu aya rasrasan, abong ka mahluk nu laif, amarah tẻh luluasan
2.   Ngumbar nafsu taya pangampura saeutik, abong kumawasa, luas nyiksa ngarah pati, kanu taya kasalahan.
3.   Naha naon salahna salaki kami, ẻstu teu sapira, pẻdah wani ulak ilik, bari nyamar jadi oray
4.  Teu pelekik sumawonna arẻk jail, tina panasaran, hayang reujeung sidik rumah tangga manusa
5.    Ngan sakitu salah salaki kami, asa teu pira, teu pantes di hukum pati.
6.    Kami ceurik sasatna tẻh bijil getih, banget nya nalangsa, paturay reujeung kakasih, jungjunan nu dipicinta
7.   Aduh Gusti pangeran nu sipat asih, sim abdi tulungan ayeuna abdi nunggelis, taya pikeun pakumaha.
8.  Abdi wangsung nyorangan ka nagri Habsyi, asa henteu tẻga, ninggalkeun mayit salaki, pajah teu bẻla ka bugang.

Lila pisan Nyi Putri ceurikna.  Panonna buringas siga-siga nu reuwas. Bari tanggah jeung curinghak sarta nangtung.  Nulak cangkẻng bari beungeutna euceuy huntuna kekerot tanda ambek.  Ngẻlẻjẻg jeung tẻtẻnjrag tina gemesna ka manusa anu maẻhan salakina.  Bari ngalẻjẻg manẻhna susumba dina rakitan Durma.
1.   Hẻ manusa ulah sambat kaniaya, awas sing taki-taki, pamales ti kula, ka manusa anu tẻga, hutang pati bayar pati, ieu lawanna Jin Putri Nagri Habsyi.
2.   Geura tẻmbong anu mana manusana, nu jail hiri dengki, sok ieu ayonan, najan kami sorangan, lain putri ipis burih, acan lugina mun tacan males pati.
3.  Mun can beunang manusa anu nganiaya ngaharu ganggu salaki, baris dipergasa, kabẻh sakur manusa, tina kami banget nyeri moal narima, arẻk di burak-barik.

Kana carita nu duaan sanajan ti ninina ogẻ, da bongan Iko mah makẻ jeung tetembangan sagala, kuring resep kẻnẻh kana tembangna batan ngandel kana eusina.  Dianggap riwan wẻh atawa dasar Iko tẻa sok resep kana sastra jeung dangding heug wẻh dijieun-jieun ngarẻka  nu aya patalina atawa ngarang-ngarang anu aya pasambunganana jeung lalakon kuring kamari maẻhan oray hideung tẻa.  Teu kuring teu percaya.  Kumaha saur Nini barudak?  Dasar nu geus sepuh mah belikan tẻa, aya ogẻ nyangkana tẻh kieu, “Pantes mun Iko mah heureuy oge atawa riwan, ari Nini mah nu geus siga kieu keur naon bau-bau sungut makẻ heureuy! Da ngimpi-ngimpi teuing sesegrukna anu geulis sada-sada bari ngawih enya jeung tuluy bari ngelẻjẻgna ogẻ. Lain Nini mah lain riwan lain impian subuh da tengah peuting ngimpina jeung saban rẻk sarẻ tara teu babacacaan heula!”
Kuring dibẻrẻan tetep teu percaya ka Iko tetep nyangka anggitan manẻhna ka Nini budak nyangka pikun.  Kapangaruhan ku peta Iko anu dibarung ku tetembangan sagalam peun baẻ kuring tẻh teu percaya.

Tapi..., naha atuh ari isukna deui.  Harita poẻ katilu ti tas Iko ngimpi, ana kelepek tẻh Hasan anak kuring anu panggẻdẻna ngudupung, tuluy kapiuhan. Teu puguh-puguh budak tẻh samaput.  Ujug-ujug kudupruk nyuuh awakna panas nyebrẻt. Ari dipangku tẻh karasana teu bẻda nyabak seuneu, awak budak tẻh.  Dibarung ku rupana anu pucet siga taya getihan. Sepa lir kapas, kaayaanana nahnay taya tangan pangawasa.  Leuleus letek cara kapuk kaibunan.   Sangkaan kuring budak tẻh moal kapuluk,  Mimitina nyangka kana lolongsteking sakumahana remen-remen kajadian di barudak anu tas ulin lulumpatan tuluy buligir ngangin hareudang.  Tapi, teu miceun kana adat kabiasaan di kampung.  Babakuna di golongan kuring, anu sok mẻnta tulung ka dukun atawa ka paraji sumawonna ka kiayi.  Walhasil, anu katahayulanana.  Puguh-puguh budak nyeri beuteung ku lantaran loba teuing dahar rujak, majarkeun tẻh kasambang jurig nu jail kitu tẻh. Teu bisa dileungitkeun atawa percaya.  Loba nu enya-enya diganggu ku jin, tapi hẻsẻ nẻmbongkeunana, yẻn pangna gering diganggu hatẻ ngagugulung budak sabisa-bisa kuring babacaan maca panyinglar.

Panyinglar sẻtan pangusir jurig jin marakayangan.  Tapi anak kakasih kaayaanana tetep pikawatireun jeung matak salempang indung budak.  Lain rawah-riwih deui tepi jejeritan ceurik.  Ninina geus cilingcingcat bari babacaan miwarang ngala paraji, ogẻ anjeunna bari teu petor-petot nangis.  Dareuda-dareuda ogẻ capẻtang kẻnẻh paparẻntah.  Malum awẻwẻ tẻa baẻ, teu bireuk deui boh kolot sumawonna budak. Boro-boro nembrakeun kasusah, manggih kabungan gẻ teu welẻh sok dibarengan ku ceurik.  Kuring gẻ lalaki teu kuat milu ngalimba awahing watir ka budak heug panggedẻna nu jadi angkeuhan atawa jadi pangharepan kuring tẻh ka manẻhna Si Cikal.

“Ếsin! Ếsin! Ếsiiin! Ka dieu!” ceuk kuring. Ếsin tẻh batur saimah kuring anu rẻk indit dipiwarang Nini ngala indung beurang, bisi salah pokna kaditu. Ceuk kuring, “Tong kanu jauh-jauh Èsin kanu deukeut baẻ heula ka Ma Ècoh di Babakan Cau! Di haturanan linggih kadieu kituh ayeuna.  Kudu kairingkeun! Manẻh ulah waka balik
lamun teu bareng jeung kudu ẻnggal kituh!”

Lêos Èsin indit satengah lumpat, katara hatêna tagiwur.  Alhamdulillah, Ma Ècoh teu lila geus torojol, malah teu sirikna digusur ku Èsin bari lumpat datangna têh.
Ceuk kuring:” Nuhun Ema ênggal sumping cing neda pitulung ieu pun anak siga nu kasambet pangmarancahankeun.  Nyanggakeun baê ka  Ema teu ngalalangkungan!”
Ma Ècoh teu kudu dipindo deui barang rêt ka budak geus têtêla yên anak kuring têh “kasambet”.  Kusiwel Ma Ècoh muka kanjut kundang. Top kana panglay, wel anyoh-anyohan kacipta nepi ka ayeuna gê. Maklum geus ompong mani ampul-ampula têa ngagayemna têh.  Ngalembutkeun panglayna nu bangkawarah, da rada teuas sigana ku geus rada garing meureun.  Teu lila sebrot-sebrot dibura-burakeun kana saban juru imah, ka dapur jeung ka tepas.  Jero imah mebek ku bau panglay.  Nu milu ngarubung-rubung budak milu bêla sungkawa ka kuring ku geringna Hasan. Ngadak-ngadak hiji dua ongkêk, arutah-utahan marabok ku bauna panglay pamura Ma Ècoh.  Pantes mun jurig baueun teh tuluy kabur, da  ka jelema ogê saperti ka kuring karasana mani hêsê ngambekan awahing pahang.  Mangkaning lalin samanea panglay Ma Ècoh, bubuhan meunang marancahan.  Parancahanana têh meunang muasaan, meunang napaan, sakitu geus mebek teh Ma Ècoh naha can eureun bae sesemburna.  Bari teu eureun-eureun kunyam-kunyem mapatkeun ajian.  Tas kitu tuluy manêhna milu diuk ngemitan budak milu teu sarê tepi ka peuting pisan.

Naha atuh, ari keur kitu, ana sewur-sewur teh ti luar.  Sumawonna ari kana kentêng mah pating paralak, ka imah gê asup.  Aya nu ngawuran ku taneuh beureum. Taneuh garing siga taneuh kuburan.  Sarêrêa ngadêgdêg kawas nu ngadak-ngadak muriang keur nirisan.  Rupa beungeut sakitu aya nu sepa, jeung teu aya nu wani kecêt-kecêt.  Sumawonna nyoara teu sakecap gê.  Iwal ti mireungeuh Ma Ècoh anu maheuman deui panglay.  Tapi ajaib jadina têh bet matak seuri mun teu keur kitu mah.  Eta Ma Ècoh têh makê kaliru.  Nu dialungkeun kana bahamna têh horêng lain panglay. Tapi, sisigna! Eta deui geus ku otomatis têa meureun, ari lep aya nu kana lêtah ari maên baê êta mÈsin gilingna atuh puguh bako tampang anu bekên bangetna! Bako tampang si Guyur wedalan Ciawi têa. Rupana baê ari karasa paitna jeung bangetna bako, ras nyaah lamun diburakeun têh da lain panglay têa.  Kumaha jadina? Lain diburakeun tapi bet jadina kateureuy.  Tapi asup henteu kaluar henteu.  Blug labuh, bari nyuuh. Ma Ècoh dina lumpatna kaluar arêk miceun utah. Tapi teu o, polah M Ècoh kitu êstu matak watir.  Matak seuri mun keur rinêh mah.  Harita mah bororaah inget kabêh gê, katutup ku kasieun, jeung tambah ketir, munggah tariis suku.   Lain ting rarempod deui, tapi kokoplokan wêh kulantaran aya hujan taneuh beureum pangawuran ti luar nu beuki loba baê asup ka imah! (HANCA!)

No comments:

Post a Comment