Monday, July 13, 2015

Bagian Katilu

Jin Islam Sakti Ngarah Pati

Ku: HASBA


Jadi aya tiluan anu nyebutkeun aya awêwê dierok bodas jeun geulis têh.  Sapeuting  êta tug tepi ka isuk euweuh nu bisa sarê.  Teu aya anu nundutan lantaran sarêrêa ngaguligah ku sieun.  Arêk papisah teu wani, teu kaop  aya nu rêk ingkah, karêk usik geus wur mantên diawuran taneuh. Tungtungna lir lauk kana bubu.  Sapeuting dina karisi karasana asa sataun.  Ari bray têh beurang mani bareng sarêrêa maca Alhamdulillah, sangkaan sarêrêa piraku beurang-beurang  teuing mah arêk ngawuran cara peuting teuing mah atawa nyingsieunan baê!

Tapi teu sangka... teu nyana-nyana hayam geus rendang tanda geus beurang geus caang malah, tapi naha diimah têh bet bêda aambeuan.  Sarêrêa mengêk irung, aya ogê anu terus ciciduh.  Panon lulungu ku teu pisan sarê sapeuting jeput. Awak lungsê leuleus,  Lapar karasa kusarêrêa da teu aya nu kasuguhan, teu cai-cai acan. Naon atuh anu rêk didahar? Bororaah inget kadinya.  Sapeupeuting  awahing kusieun turug-turug tumpeng gê kepungeun sarêrêa geus diacak-acak jeung leungit sawarêh keur acan asak têh.  Buktina geus ting talambru dina palupuh jalan ka dapur têa.  Saha anu ngadaharna? Ngambeu naon nu  matak cariciduh têh? Puguh gê nu matak sebel na aya bau ratuna bau! Alias bêh dituna bau! Hitut sigung mah leuheung keneh!

Tadi peuting mabok ku panglay matak hêsê ngambekan. Tina matihna parancah Ma  Êcoh anu malik teurakna bet ka manusa lain ka jurig.  Buktina jurig mah ngadon ngalebok tumpeng  jeung ngamaênkeun parabot dapur kawas  akrobat,  tuluy deuih ngawuran taneuh.  Isuk-isuk ngambeu nu bau-bau êta... bau... tai! Naha ari jurig sok modol kitu? Ceuk salah saurang anu sompral jeung teu kuateun ku bauna.  Na aya bau  peledek mani asup kabêh asana têh kana irung sakieu lulungu kapaksa ngorêjat ku awahing bau!!!

Kuring deui baê anu pangheulana nênjo naon buktina anu bau têh.  Sarêrêa nyangka kana kokotor , aya ogê kana bangkê.   “Mun teu taina tai, taina bangkê tai!” Ceuk Ma Êroh bari mengêk irung. Paraji  anu geus mimiti gêhgêran têh.  Ari tanggah têh kuring ka lawang para, aambeuan têh beuki nyegak baê kawas datangna bau têh ti para.  Kuring nyangka kana bangkê anu butatayan.  Barang rêk disidikeun, brêh têh katinggal di juru lalangit aya nu ngoyondon jeung siga-siga baseuh.  Ku kuring dideukeutan, têtêla lain sigana deui baseuh teh tapi ngucrak siga-siga aya caian diluhurna. Malah aya nu nyakclakan teu eureun-eureun kana palupuh ka jero imah.  Tah êta, cai êta horêng anu bau têh. Cai naon atuh da kiruh geuning  ngeclakna têh.  Geuwat baê nyokot tarajê.  Lalangit baseuhna geus lega naker, bêh pojok baseuh jeung rembes ting karêclak.  Ari dibuktikeun têh ku kuring sabatur-batur di luhur  para.  Ya Allah, matak gila jeung sebel. Mani meh utah kuring saharita.

Têtêla di para têh aya nu jiga kokotor jelema. Ngagunduk nandingan hunyur, ngabayabah sagedê tampir gedê.  Nu hêjo têa rupana têh, bangun nu mêncrêt tapi loba, guguruntulanana mani sagedê hulu kuda.  Naha mani loba-loba teuing?  Jeung saha nu kababayan di dieu?  Irung kuring  jeung babatutan jadi imum deui, awahing kulilana ngambeu  anu bau.  Asa teu pati kaambeu deui.  Naha kokotor sakitu têh ti saurang atawa ti sababaraha urang? Mun ti sababaraha urang mohal, da sarua pisan rupana.  Nu kitu mah apan sok bêda, bêda lawang pamiceunannana sok bêda jenis!   Mun saurang sakitu lobana?  Kuring geuwat marêntah supaya ngabuka kentêng  sangkan nyambuang bauna kabur kabawa-bawa angin, sina kaluar  ulah ngulibek bae di imah.  Tuluy diberesihan ngahiras saayana nu hadir.  Kuring hêmeng mikir:” Kakara Jin hiji cadukna geus sakitu dungkukna.  Hêg têh awêwê deuih, tur putri cênah! Sok komo mun lobaan! Sok komo lalaki anu leuwih rewog.  Ieu mah putri mani geus ngahunyud sakitu gedêna.

Walhasil ceuk bêja anu ngambek ka kuring têh putri raja.  Hartina têh jin bangsa intelêkna, malah piratueun nagri Habsyi.   Lain jin kuricakan anu ngan sakadar ayana di jarian-jarian nu rarujit tapi di karaton tangtuna gê.  Lain kêlong nu sok dina caringin canêom, lain kunti nu sok iirihilan mapay-mapay solokan.  Lain ieu mah jurig nu modêl kitu, apan ngaranna gê Siti Kolbuniyah.  Ngaran nu alus pisan tanda santana turunan raja.  Malah Islam agamana ogê da buktina bisaeun ngaji nu sakitu alusna.  Têtêla digjayana da teu taluk ku kulayu, teu nyingkir ku ayat kursyi. Batan disinglar ku Ma Êcoh ahli parancah gê kitu.  Buktina deui ku kuring geus diayatkursian anggur maên cara akrobat jeung tuluy maok tumpeng.  Pêk modolan têa nu sakitu  hêbatna! Sanggeus rêngsê, ceuk salah saurang  anu beberesih: “Ari bauna mah pantes, Ajengan Anom, upami jurig awêwêna têh!”.  “Heueuhlah!”, ceuk kuring bari kapaksa jadi seuri, seuri konêng-konêng baê mah... Kumaha satuluyna dina ngalawanna ka manusa nganyatakeunsakumaha susumbarna saprti anu diucapkeun ku Iko dina pupuh durma?  Kê  kasampeur deui di hareup.

Ayeuna urang nyaritakeun heula kumaha terusna poê êta.  Sanggeus  kuring sareretu saluar imah jeung para tina najis anu kacida tadi.

Poe êta gêhgêr sa-Kêrêsêk-na. Guyur sa-Cibatu-na. Êar nepi ka Cibunar.   Kadêngê ka Warung Bandrêk. Ting torojol urang Pasir Jêngkol, tingkurunyung urang Sumur.  Daratang urang Limbangan, ti Pasirlaja jeung ti Congkang.  Jadi carita sakur jalma, bêja pabêja-bêja deui.  Pantes pangna kitu da atuh anêh leuwih ti matak hêlok aya jin jeung kababayan sagala mah can aya nu manggihan.  Ku kituna jadi rabul anu hayang nyaho, da kabêjakeunnana mah cênah gagalancangan si jin têh cara jelema biasa.  Heug geulis da putri, tur nêmbongkeun rupa-rupa kamonêsan.  Anu sejana percaya nyanggakeun panglayad loba,  anu lalajo baê teu kurang.  Mênak-mênak nu dareukeut babakuna ti Cibatu nu pangheulana cunduk.

Ti antarana aya saurang anu pangkeukeuhna palay uninga kana jin, jeung dibarung ku teu percaya têa meureun gegedêna mah.  Nyaêta juragan mantri Cacar. Poksang anjeunna nyaurkeun hayang uninga dirupana jin.  Kieu saurna : ”Cing siga kumaha rupa jin têh, sina nêmbongan ayeuna kadieu!” Bari sada-sada suaban têa kadêngêna têh.
Na ari rêpêh sasauran, ari sebrot têh luah jeung tampolongna nyêblok kana raksukannana bedahan tutup.  Raksukan bodas istrikaan nu anyar kenêh pisan.  Ti mana datangna tampolong?  Luah saha? Teu aya nu terang.  Sanggeus raksukan bodasna jadi siga dicelep beureum, ana kalayang têh aya keretas murag kapayuneun anjeunna.  Keretas kosong beresih teu aya tulisan nanaon.   Ajaib! Ari keretas geus ngagolêr  hartina geus namprak di handap, ana baranyay têh dina keretas aya aksara anu siga nulis ku manêh.  Si keretas datangna têh sorangan da taya nu nulisna.  Ngabarabat gancang naker. Diseratna ku patlot beureum teu bêda ti urang lamun ningali têks film têa geuning.  Nyakitu nyaho-nyaho barabat baê aya bacaan dina layar bodas. Tah êta ogê kitu. Sahiji-sahiji aksara têh nungtutan datangna tapi gancang.

Naon unina tulisan beureum dina êta keretas?  Ancaman nu matak muringkak bulu punduk, da kieu unina:” Gancang manêh balik bisi dicekêk!” Ngan sakitu-kituna unina têh.  Na da mani purat-pêrot êta Juragan Mantri Cacar têh jingjrit, indit bari ngusap birit têh saenyana, teu nolih deui ka tukang .  Noyod rurusuhan bari ngadêgdêg.  Ka kuring gê teu kungsi pamit-pamit acan.   Rupana awahing ku sieun jadi gancang-gancang mulih.  Puguh baê matak hawatosna mah, ari tadi indit ti bumi beresih.  Ari mulang jadi belang mêrah putih ku luah satampolong.  Ka urut-urut santri Kêrêsêk anu marilu ngalaman waktu harita kajadian, nyaêta dina samemeh Perang Dunya ka II, tiasa di paluruh disaksikeun bener henteuna êta kajadian têh.

Dina hiji mangsa kuring sorangan ngalaman direuwaskeun cara Êsin, malah leuwih.  Êsin mah pilakadar ku gamparan lilinggaan, ka kuring mah ku bedog anu ngagurilap hêrang awahing seukeut meunang ngasah.  Duka bedog  ti mana sareng nu saha.  Sarêatna mah bedog buatan Cibatu Sukabumi (Cisaat).  Peutingna kuring ngimpi, di dituna têh patepung jeung Mama Almarhum (Bapa Kuring). Anjeunna miwejang ka kuring supaya sabar jeung tuluy miwarang geura hudang.  Ulah beuki teuing sarê, ulah kamalinaan.  Ulah asup ka kamar anu tulakkan nulak ku manêh teu pupuguh.  Ulah sarê dina jam sakitu (salah mangsa), jeung têang saurna têh dina handapeun teuteundeunan aya pakarang.  Korêjat kuring hudang  tina ngimpi kitu têh, bari terus maca Alfatihah dihaturkeun ka Mama, kuring kurah-koreh ka handapeun sakur  teuteundeunan têa, ana gorêhêl têh nyata têtêla, aya bedog ramping pisan seukeut meunang ngasah jeung peso cukur mashur, nu mashur seukeutna jeung alusna. Pêso cukur weuteuh cap rambut mata buatan Jêrman.  Tah harita kuring mêh bobor  karahayuan têh.

Keur tumaninah cicing naha ana kalayang têh aya bedog hiber nyamber kana beuheung.  Hatê kuring ngalenyap bari nyebut  Allahu Akbar, asmana Allah.  Mun teu aya pangraksa Anjeunna, beuheung teh kana sapatna atawa mun kana sirah mo teu beulah.  Lain ngahiuk deui sora bedogna moro beuheung têh, tapi ngahêang awahing ku ramping jeung tari pisan nyamberna!

Alhamdulillah,  kuring salamet.  Awak kuring teu kagorês-gorês acan.  Salaputna bedog  nu nyamber beuheung kuring, ragragna bedog teh nancleb kana bangbarung kai mani mêh laput saparona.  Sakitu bangbarung kuring têh kai kahutanan kelas 1 rasamala anu kasohor teuasna jeung geus garing, tangtu leuwih teuas ti anu baseuh. Nyabutna deui eta bedog teu gampang atuda sakitu jerona.  Sakumaha tarikna ngahuembat êta bedog nu ditujukeun ka kuring ku sarêrêa tangtu kamanah.  Bedog diakalan pada nyabut têtêla bedog  Cisaat deui baê ninggal buatannana mah.  Gancangna bedog  diampihan.

Ti harita kuring sainca-incak aya karisi.  Hariwang salempang bisa kumaha onam.  Hatê teu petot muntang ka Pangêran.  Kuring jadi kurang dahar kurang sarê, bari bulak-balik nyekar jarah ka pasarêan Mama ngintiun du’a bari neda berkahna.  Karasa ku kuring anu kontan pisan berkahna ti Mama têh, sanaos  anjeunna geus teu gumelar di alam lahir, saban kuring tos nyekar têh peutingna sok meunang ilapat saperti katulis di luhur.  Panggoda nu lain ngagoda tapi nyata-nyata arêk ngarah pati kuring, jeung nyingsieunan manusa tambah  poê tambah rosa.

Pikeun kasabaraha kalina boa, dina hiji peuting sanggeus ti beurang kuring jarah ka makam Mama, kuring nampa deui ilapat.  Kuring ngimpi,  Ngimpi di sumpingan deui ku Mama.  Didituna têh têtêla pisan anjeuna ngadawuh kieu:”Sing sabar baê euy! Kitu-kitu baê mah... Mun dibandingkeun jeung panggoda jin nu baheula nyoba ka Bapa manêh nyaêta nyoba-nyoba kana kasabaran Mama, kateguhan Mama ka Pangêran nu ayeuna karandapan mah teu jêrê-jêrêna can.  Ke lamun manêhna maksud jail têkad jahat, lakuna matak nyilakakeun Insya Allah rêk dibêjaan,  jeung diraksa!”

Nyah têh kuring beunta mani nongtorêng kênêh kasauran Mama anu tadi kana ceuli, katênjo kênêh kumata ati bungkeuleukannana Mama keur sasauran dina lomari anggoan sapopoena nu salawasna rapih beresih simpatik.   Bari calik anjeuna ninggali siga-siga merhatikeun ka awak kuring nu geus kuru, leuwih ti orot awahing ku susah. Geus lila kuring teh teu ngeunah dahar ,  teu ngeunah sarê jadi kurang nginum sagala.  Tawekal ka Pangêran têh kuring saenyana, jeung dibarengan ku niat minangka puasa ku nalangsa aya muslihat anu leuwih ti batur.  Kuring  ngarampa iga bari nangkarak bengkang.  Harita têh enya geus nyaring têa mah, tapi can hudang.  Bari ngedeng panon ngahêrang, karampa iga kuring têh geus norêlak lir gambang.

Paingan loba nu pangling ka rupa kuring.  Loba nu nyebut  begang, celong, pias cara nu gering.  Karasa sapopoêna ogê ku kuring pribadi, badan têh asa kokolêangan hampang, da saenyana kuring harita teh gering nangtung ngalanglayung, lain muriang beukah kawayah .  Kuring moyok ka awêwê nu sok juuh.  Peuting êta bet êpês mêêr? Babakuna pisan asa kasuat-suat ku kasauran Mama dina impian tadi.  Ku pameunteu Mama nu mureleng kana awak kuring nu geus suda jeung mawa bêda kana rupa lantaran gering pikir.

Lisan Mama peta-peta jeung ucapan nu dina impian têh pikeun batin kuring mah pertanda kumaha welas asihna anjeunna ka kuring.  Kumaha nyaahna Bapa ka anak, tug tepi ka anjeunna dina alam halus masih kênêh kumalayang kasucian rohna, nangtayungan anak nu prihatinm, geus puguh keur anjeunna jumeneng, ngatik kuring ti leuleutik, ngarorok ti orok, ngaraksa ti bubudak, taya banda kinasihan, sagala tamplok keur anak nyaêta kuring.  Dijaring beurangna peutingna, dijaga sandang panganna, diwurukan êlmu pangaweruh bari diogo kuring  têh didama--dama, boro-boro nu rêk mahala tea, dicoco reungit oge ulah sigana kuring teh,.  Kuring inget-inget poho ari anjeunna geus ngemitan kuring mimitina dipêpêndê bari dihariringan ku soanten dina nadom nu halimpu lagu pangayun-ngambing. 

Diusapan kuring têh bari digeberan ku anjeuna.  Êta kabêh bêt jadi kacipta deui, asa kabêh balik deui saharita.  Tatali asih batin ti Mama, gambarna kanyaah anjeuna ka kuring , tug kanu tadi nu katenjo dina impian.  Kana paneuteup  anjeuna nu seukeut tanda pinuh ka asih ka awak kuring asa nyelekit.  Asa ketir, hatê asa nyeri lir dicocogan jarum, nyeri ku prihatin tibelat sagala aya, êling deui ka anjeunna.  Lantaran... ku can aya tandana ti kuring , pamales bukti ka anu sakitu asihna. Teu karasa deui panon kuring  jadi baseuh, leungeun kuring ngaragap deui iga nu norêlak lir gambang.  Panginten Mama ngahelas ningali waruga kuring nu ayeuna, anu keur menuang tekanan batin. (HANCA)

Sunday, July 12, 2015

Bagian Kadua

Têror Horor Jin Islam
Ku : HASBA


Harita mah bororaah inget kabêh gê, katutup ku kasieun, jeung tambah ketir, munggah tariis suku.   Lain ting rarempod deui, tapi kokoplokan wêh kulantaran aya hujan taneuh beureum pangawuran ti luar nu beuki loba baê asup ka imah! 

Asupna nu anêh têh, naha ti mana jolna da panto jeung jandêla narutup. Kabêh pangawuran jiga nu dibahêkeun baê.  Datangna nu panglobana ka Ma Êcoh da mungguh pinuh manêhna mah ku taneuh kana huis-huis.  Keur ketar-ketir jeung sieun kitu, na ana gurudug têh Êsin ti dapur nu keur ngasakkeun tumpeng maksud rêk ngarewahkeun lumpat ka tengah imah bari calawak.  Buuk ngarumbay pibasaeunana mêh ngarewig da gelungna udar.  Naha manêhna mani sabeuleugeunjeur, sakalumpat-lampêt têh saenyana teu êra lumpat bari anolêkak.  Mani beresih pisan teu aya hahalangna kanu sok diimpen-impen, bisi katêmbong batur.  Harita mah buligir atra ka awêwê ka lalaki kanu araya di tengah imah.  Têtêla manêhna keur kalap, da teu êra-êra sigana têh naian manêhna dina orat pada ngalalajoan têh.  Gawêna calawak teu beunang ditanya.  Barang diparancahan ku Ma Êcoh nu tas utah sisig jeung ku sakur anu aya nu milu êra ku peta Êsin kitu.  Ana gorowok têh manêhna: “Tulungan Êsiiin! Sieueueun! Ka Êsin aya anu ngajenggut gelung di dapur tuluy ngabedol samping!” 
Lantaran manêhna mageuhan samping, ana belewer têh mani bangbaraan sorana kana ceuli aya nu malêngpêng.  Mêh baê kana beungeutna pisan. Hadêna teu keuna heug ku gamparan lilinggaan.  Dilieuk saha nu boga lampah kitu, katukang, kamana mendi taya jelema saurang-urang acan.  Malah panto gê narutup.  Geus bêak mah nyarita kitu kakara manêhna inget dikaêra, uman imen terus nutupan oratna nêangan samping.

Kuring bubuhanana nu boga imah.  Nyontoan yên kudu ludeung, da mun kuring nêmbongkeun ipis burih mah, moal teu birat ti imah. Lalumpatan. Ahirna, ngarugikeun kuring jeung anak kuring nu perlu kudu pada nungguan têa. Saenyana nitah heula ketah ka sing saha anu daêk.  Da kurin gê dina hatê mah mandeg mayong, aya wani aya sieun.  Tapi kulantaran sarêrêa mugen, sakitu dibêjaan keur numpeng gê, kapaksa kuring ngawani-wani diri, hatê diteger-teger bar ingupahan manêh.  Inget kana tulisan dina Manglê carita:”Pondok Jodo Didodoho” nu kieu unina: Sêtan têh digjaya, jurig têh sakti tapi manusa mah kawasa.  Kawasa mun inget ka Pangêran. Mo êlêh ku sêtan marakayangan, mo bisa karanjingan ku iblis nu mawa sasar kana lampah.  Manusa leuwih mulya jeung dimulyakeun ku Gusti Nu Maha Suci.  Dileuwihkeun sagala-galana ti mahluk anu sêjên.  Dibêrê akal, pikiran jeung bisa nyarita asal ulah poho ka Anjeunna.

Kuring indit ka dapur. Na atuh ari lol têh kuring ka goah.  Lampu caang kênêh teu galideur katebak angin, hawu hurung nambah-nambah caangna ka luar, suluh bener teu barantakan tanda tas diasur-asur ku Êsin.  Tapi naon nu aya diluhureun sêêng têh?  Geuning lain aseupan eusi tumpeng! Naha bet jadi aya payung meunang muka jeung muntir kawas kincir.  Tapi euweuh nu muntirkeunnana.  Têtêla si payung têh di luhureun sêêng jeung muntir ku manêh.  Kuring ngagebeg bari otomatis maca istigfar.  Kuring ngusap beungeut  sababaraha kali.  Ngimpi kitu ieu aing têh?  Ceuk hatê nanya ka sorangan. Tas ngusap beungeut deui kuring tuluy mengkek irung.  Karasa deui eungapna, jadi têtêla lain dina ngimpi.  Pêk deui kuring panasaran nyiwitan manêh.  Karasa deui êta gê nyeri. Nêtêlakeun yên kuring enya-enya lain ngimpi.   Kuring jadi kasima nangtung lir patung, panon molotot mencrong kana payung nu muntir apung-apungan luhureun sêêng nu nyêngsrêng ku sora ngagolakna cai.  Teu petot-petot diseuneuan.  Karasa sungut kuring têh lain molongo da gado noroktok, awak gê ngeleper.  Rêk ngalêngkah hêsê, rêk ngomong teu bisa pok. Kari panon bubuncelikan gular-giler kaditu-kadieu.  Paingan Êsin gê kitu da meureun nênjo êta.  Nênjo payung teu eureun-eureun muter tapi teu aya nu nyekel.  Kuring boga kênêh katetepan hatê mana inget kadinya gê ka Êsin têa. Tapi teu karasa jeung teu ngarti ku naon sababna pangna samping geus goyobod!!!   

Horeng kuring têh teu karasa deui geus ngayekyek cara budak mun ngimpi papang têa. Inget-inget têh geus jibreg.  Ku ribegna baseuh di handap, rada kumpul deui ingetan têh. Baralik sawarêh-sawarêh pangacian nu tadi kabur têh.  Rêt kuring kana bilik, gebeg deui baê. Molotot! Lantaran sakur parabot dapur saperti piring, cowêt, mutu, ka songsong-songsong ti hawu bet rapang dina bilik lalangit! Tapi teu antel da êta ogê kabêh jiga ting pulintir deuih.  Songsong muter siga kolêcêr, cowêt jeung mutu pating garoêng, parêndêng lir dina gambar bêntang jeung bulan.  Piring muter bari kakalayangan siga hiber bari sumbar-samber.  Kuring bengong salila-lia, bari nyorodcod tuur da êta deuih makê karasa yên awahing ku sieun têh makê jêung muruput ngahitutan manêh sagala.  Hadêna henteu jeung bukurna.  Niat arêk indit welêh can bisa obah.  Rêt deui ka luhur antara lalangit jeung saluhureun sirah.  Matak tambah-tambah sawan.  Geuningan, di handapeun para, bet rapang aya katêl, panci-panci jeung lodong wadah cai, kitu deui buyung wadah bêas, cukil sangu, dulang, cangkir, bekong. Ah, sagala nu aya di dapur harita weh. Kabêh bet adek kana para!  Kaayaannana bari maluntir deuih cara kupolahna hiji akrobat!

Malah barang rêt kana priring tadi nu sababaraha hiji muter bisa mun ayeuna dibandingkeun atawa digambarkeun akrobat kulawarga Tjan Tjun Ie, anu geus mintonkeun kasenian di Jakarta, kungsi dina televisi gê.  Tapi jauh leuwih hêbat akrobat jurig di dapur kuring mah.  Tjan Tjun Ie mah barina jujuralitan ngan bisa sakalina têh muterkeun opat piring jeung aya awina, minangka parabot anu dipakê muterkeunnana.  Ieu mah piring anu sababaraha lobana têh teu makê sumbu jang pamuteran.  Rêt deui katukangeun sêêng, tadina mah rada silo kênêh can pati awas pisan kanu rada poêk. Geuning aya nu muter deui siga-siga rangap, horêng têh sampingna Êsin têa.  Mimiti nangtung  bleg, kalêng kurupuk melendungna.  Hêg nonggêng ngedeng, jadi siga drum bensin alias tong kosong.  Muter tuluy gogorolongan.  Nênjo kitu ras deui ka Êsin yên tadina cageurna têh diparancahan têa.  Saharita balik deui pangacian, êling deui kuring têh.  Pantes kuring kapupul bayu êlêh jajatên nepi ngayekyek ribeg sagala jeung tutup tutih da kuring waktu êta lat poho ka Pangêran.  Geuwat baê sabisa-bisa babacaan deui, muntang ka Anjeunna bari ngajerit batin neneda pitulung.  Kuring jadi bisa obah tuluy ngarayap ka tengah imah.  Dina balikna ingetan, hatê têh gedê deui.Tapi naha ari keur ngarayap teh kuring  bet dikagêtkeun deui ku ayana sangu-sangu tumpeng dina gang liliwatan!  Ting arenclo sagunduk-sagunduk, sangu tumpeng têh.  Teu beda ting arenclona kokotor munding di jalan ka kandangna.  Ti dapur ngantay ngabarabat lempeng anggangna siga diatur, siga diukur mêh sarua jarakna, kitu deui gedêna satampuyak-satampuyakna têh.  Tug nepi ka panto tengah imah tempat nu nungguan anak kuring tea.

Sangu tumpeng ti mana? Anu tina aseupan têa tangtuna oge, tina sêêng da sêêngna mah apan jadi dieusi payung muntir gaganti aseupan tumpeng.  Kuring asup kapatengahan pada malencrong, bari nanya naha cênah lila-lila teuig? Ku kuring can dijawab tapi buru-buru salin heula bisi batur seungiteun.  Malum sang cipapang murangkalih deui to ageung jeung anakan mah, tur  rumasa kuring tibeurangna neda jêngkol.  Kacipta ku para mitra gê.  Geus salin kalawan buru-buru, pok kuring nyarita tina sakur anu katênjo tadi.  Brêh di têmbongkeun tingarenclona tumpeng têa nu aya likurna boa gugundukannana têh. Tuluy ka dapur, sakumaha anu tadi dicaritakeun kasaksian kênêh ku sakur anu harita milu.  Payung muter kênêh bari apung-apungan saluhureun sêêng anu nyêngsrêng.  Kum sakur anu ditataan tadi, boh dina bilik boh anu  mêh adek kana lalangit tetep araya jeung maraên kêneh.  Ari bari lobaan mah nênjona babarengan bari pacekl-cekel, paantay-antay teu pati sieun teuing.  Kuring mah makê bari tutunjuk nuduhkeun hiji-hijina anu muter têh.  Jeung sura-seuri sagala cara anu bogana êta kamonêsan baê para panontonna, malah teu karasa makê jeung ngagaya nanaon, da pada muji.  Ongkoh yên kuring têh jelema kandel kawani, ludeungan cênah, teu aya nu nyangka yên kuring tadi jibreg mah! 

Kira-kira geus seubeuh, saumpama mun lalajo mah, geus têtêla wêh kasarêrêa êta nu muter têh eureun sorangan tuluy ting kalayang.  Siga nu tartib pisan baralikna kana urutna tadi masing-masing.  Kalayan taya sora ting golombrang atawa ting borobotna piring da taya nu songhêk-songhêk acan.  Payung nutup deui, lêos ka juru deui kana urutna, songsong, kêlê, lodong, buyung, wadah bêas kalawna teu cocêng eusina, panci, mutu gê nu ting jalungkir tadi jeung bekong têa.  Tarapti pisan sigana têh jeung bêrês baralikna.  Jiga balik ku  manêh da teu têmbong nu mêrêskeunnana  mah.  Samping Êsin mah nyaho-nyaho geus ngarungkup kanu bogana, ngajadikeun tibuburanjatna arêk lumpat deui mun teu dijêwang ku anu gigireunana mah.  Êsin têh katênjo makê tungkul ngelukeun sirah, singhorêng mani sakolêpat buuk Êsin jadi nyangreud cara tali dadung munding!
Sanggeus tanggah deui Êsin têh ngomong cênah pangna bieu tuluy tungkul têh karasana aya nu maksa nungkulkeun sirah jeung karasa aya nungagelungan deui.  Sarêrêa ting puringkak bulu punduk.  Pok deui Ma Êcoh ngomong yên tadi basa manehna kaliru kana sisig têh ngabaheumana panglay, awahing kurusuh sieun teu kaburu ngabura anu  nêmbongan ka manêhna, nyaêta aya anu ngarupakeun hiji istri geulis dierok ngagayabag siga bengis pisan êta istri têh jeung rêk ngawuran kana sirah cênah.  “Geura ieu tingali sirah Ema mani pinuh ku taneuh da teu kaburu ngabura ka manêhna!”
“Awêwê Ajengan, jurig teh.  Heug, geulis deuih!”, ceuk Ma Êcoh anu jadina bet  milu ngadêgdêg.  Ras deui kuring inget kana carita Iko jeung Ninina si Ujang. (HANCA!)


Bagian Kahiji

Awal Mamala


Ku : HASBA

Kajadian taun 1939 dugi ka taun 1994 mimiti dina malem Kemis tanggal 12 Rayagung 1259 H.


Kẻrẻsẻk tẻh ayana di wewengkon Cibatu bawahan Kabupatẻn Garut.  Piraku ka Cibatu mah tara nu bireuk, hiji stasion Karẻta Api antara Bandung-Tasikmalaya, simpangan ka Garut Cibatu.  Ti stasion Cibatu aya jalan ngẻtan dugi ka pertelon payuneun Kantor Pos. Anu ka kalẻr meuntasan pintu jalan Karẻta Api, notog ka Pasar mẻngkol ngẻtan.  Brẻh deui aya pertelon.  Tah ti pertelon ẻta anu ngalẻr brasna ka Limbangan.  Anu lempeng ka wẻtan, ẻta anu ka Kẻrẻsẻk terusna mah ka Warung Bandrẻk tepung jeung jalan ka Tasikmalaya.

Perlu kauninga wirẻh Kẻrẻsẻk tẻh Pasantrẻn kahot wewengkon Garut, dijarugjug ti jauhna didatangan ti anggangna ngaradon tolab ilmu.  Santrina aya ratusna. Malah kasohor mah mun harita rẻkorder geus aya. Meureun kuring ayeuna teu kudu ngaluarkeun hojah, kacapẻan capẻ nyarita panjang cara kieu.  Ditambah ku ngahambur-hamburkeun kertas jeung mangsi, ku nyetẻlken pita soara ogẻ cukup. Tur matak sugema tẻa, da kuring gẻ saẻnyana mah dẻdẻngẻeun kẻnẻh.  Asa gantung dangu kẻnẻh baẻ ku halimpuna sora ẻta jin ari ngaji.  Hadẻ sora hadẻ qiro'atna, alus mahrojna, ninggang pisan siddahna, panjang pondokna, idhar idghomna, sumawona ihfana.  Mani asa dipẻpẻndẻ tẻh lain heureuy.

Hiji mangsa kasaksian ku ratusna jalma sabab ngajina "Nyi Siti Qolbuniyyah" kitu ngaran ẻta jin Islam awẻwẻna tẻh.  Dina turun imbar lebaran haji.  Nu diaji surat Yusuf, kadẻngẻ teu jauh tina ceuli.  Mana tẻtẻlagẻ kaalusanana sora dina ngucapkeun kalimah Quran. nu ngaji tẻh saperti aya di hareupeun urang sarẻrẻa anu tamplok saayana nu tos sunat Idul Adha.  Sakapeung sada di tukangeun, atuh bereyek malik ka tukang. Ngudag-ngudag sora.

Sakapeung tẻtela sapẻrti di para, atuh bareng sarẻrẻa tanggah.  Sirah, ceuli, jeung hatẻ teu cicing nutur-nutur.  Kapincut ku kanimatan alusna sora, malah siga-siga loba nu teu sieuneun deui.  Ditambah deuih ku kaanẻhan, rẻhna dina saban ayat anu tamat diucapkeun/diaji dina tiap akhir surat clẻk tẻh aya paraf S.K. tapakna mah makẻ patlot beureum.  Naon anu eta teh, nyaẻta ngaran manẻhna anu keur ngaji makẻ aksara latin.  Pondokna tina Siti Kolbuniyyah.  Neundeun parafna tẻh dina Quran nu dipakẻ ngabandungan kunu araya.  Kasaksi kabaca ku sakumna anu hadir.  Cacak mun kuring boga pamotrẻtan mah harita, tepi ka ayeuna gẻ meureun aya fotona, pintonkeuneun kanu sami panasaran, nu lumrahna sok kudu baẻ yakin kana bukti anu nyata.  Sakali  deui kuring kacida hanjakalna, meureun teu kudu nyaritakeun da ngan kari nẻmbongkeun wungkul.

Ieu pangalaman anu dicaritakeun di luhur thẻ dibobok tengah-tengahna ari asalna mah pangna aya ẻta gangguan tẻh kieu:

Asa teu pira dosa tẻh, dina hiji poẻ kuring pangangguran, aẻh, lain pangangguran kẻtah, da saha jelemana nu teu rẻk cara kuring lamun manggih oray luar-lẻor ka imah, atawa ka tempat-tempat anu lain pantesna aya oray.  Lain di tempatna oray tapi di tempatna jelema.  Eta oray nu luar-lẻor tẻh oray hideung.  Bari gila jeung sieun bisi ẻta oray macok, beletak baẻ kuring neunggeul ẻta oray.  Jeung ngan sakali-kalina deui neunggeul tẻh.  Da meneran pisan kana huluna.  Bubuhan neunggeulna ku beusi urut suku ranjang, mani pejẻt huluna tẻh mana terus paẻh ogẻ teu ngerejet deui.  Teu kudu dipindo, iwal ti dikoreh-korẻh dipiceun mah. 

Naha isukna Hasan jeung Husẻn anak kuring sarua pisan cenah ngarimpi.  Impiananana kawas-awas anu beunang badami.  Ngarimpikeun sarua pisan, nyaẻta ningali mayit lalaki ngajolopong sirahna pinuh ku perban nu baloboran ku getih.  Tunjangeun ẻta mayit aya awẻwẻ geulis , makẻ pakẻan rok pangantẻn,  siga-siga pakẻan pangantẻn kulit putih.  Padahal mah cenah ẻta anggoan pangantẻn putri Mesir.  Rok bodas ngarumbay nutupan sakujur awak. Bodas ting burinyay, beungeutna heug kasinaran ku riasan raray anu pulasna alus.

Cindung nutupan beungeut sabeulah da nu sabeulah deui mah ku dipakẻ nyusutan cipanon, pipina nu siga kadu sapasi ku muka na kitu jadi katẻmbong taya aling-laing.  Malah katara baseuh ku cimata.  Panonna nu cureuleuk bẻntang beureum jeung rambisak. Cai matana nyurulung maseuhan bulu panonna nu carentik panjang munggah cipruk.  Najan keur kitu katara awẻwẻ tẻh rancunit geulis.  Surup jeung payus pakẻna kana pangawakanana nu jangkung leutik lenjang ngalangkoyang konẻng.  Cẻna eta nu geulis tẻh horẻng pangantẻn anyar, keur nyeungceurikan salakina maot, nyaẻta anu ngajolopong hareupeunana.  Manẻhna tẻh horẻng keur satengahing olẻng pangantẻn.  Keur sarua geugeut jeung meumeut keur layeut ngajiji.  Lir gula jeung peueut.  Karẻk pisan tas kawin. Kari-kari salakina aya nu maẻhan.  Nu geulis ngeluk tungkul bari sesegruk, paturay jeung jungjunan buah atina panglamunan cita-citana nu geus lila arẻk ngahiji tẻh laksana.

Rangkep sakasuka atina tur karido sepuh jeung sepuh.  Kari-kari ari geus pangantẻn, karẻk pruk pisan geus kapegat ku papastẻn Gusti.  Salaki nemahan pati.  Heug keur aya di lembur batur, da manẻhna tẻh lamun ceuk basa ayeuna mah Bulan Madu.  Ngahaja tepung sono dinu singkur.  Tumaninah dinu anggang jauh ti lembur, rẻk susukaan saban poẻ, rẻk rẻrẻntẻtan ngahaja ngareuah-reuah manah bari nyawang kaẻndahan alam di manca nagara.  Maranẻhna tẻh cẻnah ti nagara Jin ti Habsyi.  Malah putra rajana pisan, alias Putri Mahkota.  Salakina ogẻ anak raja ti salah sahiji nagara tatangga bapana.  Rupana kasẻp raspati nu matak kapilih ku manẻhna gẻ diantara raja-raja anu ngalamar.  Salakina nu ceuk manẻhna meunang ijo-ijo papilijo, meunang milih meunang nẻnjo, meunang papadon barẻto, kari-kari ayeuna maot, heug di nagri batur  di manyang munyung.  Putri ngarasa cukleuk leuweung cukleuk lamping, jauh ka sintung kalapa.  Putri tẻh terus nyuuh sumegruk ceurik lungas-lengis sasambat rakitanana Maskumambang.  Saingetna alo kuring Iko tẻa kalawan dilelempeng deui basana kieu cẻnah:
1.  Duh manusa bet telenges teuing teu aya rasrasan, abong ka mahluk nu laif, amarah tẻh luluasan
2.   Ngumbar nafsu taya pangampura saeutik, abong kumawasa, luas nyiksa ngarah pati, kanu taya kasalahan.
3.   Naha naon salahna salaki kami, ẻstu teu sapira, pẻdah wani ulak ilik, bari nyamar jadi oray
4.  Teu pelekik sumawonna arẻk jail, tina panasaran, hayang reujeung sidik rumah tangga manusa
5.    Ngan sakitu salah salaki kami, asa teu pira, teu pantes di hukum pati.
6.    Kami ceurik sasatna tẻh bijil getih, banget nya nalangsa, paturay reujeung kakasih, jungjunan nu dipicinta
7.   Aduh Gusti pangeran nu sipat asih, sim abdi tulungan ayeuna abdi nunggelis, taya pikeun pakumaha.
8.  Abdi wangsung nyorangan ka nagri Habsyi, asa henteu tẻga, ninggalkeun mayit salaki, pajah teu bẻla ka bugang.

Lila pisan Nyi Putri ceurikna.  Panonna buringas siga-siga nu reuwas. Bari tanggah jeung curinghak sarta nangtung.  Nulak cangkẻng bari beungeutna euceuy huntuna kekerot tanda ambek.  Ngẻlẻjẻg jeung tẻtẻnjrag tina gemesna ka manusa anu maẻhan salakina.  Bari ngalẻjẻg manẻhna susumba dina rakitan Durma.
1.   Hẻ manusa ulah sambat kaniaya, awas sing taki-taki, pamales ti kula, ka manusa anu tẻga, hutang pati bayar pati, ieu lawanna Jin Putri Nagri Habsyi.
2.   Geura tẻmbong anu mana manusana, nu jail hiri dengki, sok ieu ayonan, najan kami sorangan, lain putri ipis burih, acan lugina mun tacan males pati.
3.  Mun can beunang manusa anu nganiaya ngaharu ganggu salaki, baris dipergasa, kabẻh sakur manusa, tina kami banget nyeri moal narima, arẻk di burak-barik.

Kana carita nu duaan sanajan ti ninina ogẻ, da bongan Iko mah makẻ jeung tetembangan sagala, kuring resep kẻnẻh kana tembangna batan ngandel kana eusina.  Dianggap riwan wẻh atawa dasar Iko tẻa sok resep kana sastra jeung dangding heug wẻh dijieun-jieun ngarẻka  nu aya patalina atawa ngarang-ngarang anu aya pasambunganana jeung lalakon kuring kamari maẻhan oray hideung tẻa.  Teu kuring teu percaya.  Kumaha saur Nini barudak?  Dasar nu geus sepuh mah belikan tẻa, aya ogẻ nyangkana tẻh kieu, “Pantes mun Iko mah heureuy oge atawa riwan, ari Nini mah nu geus siga kieu keur naon bau-bau sungut makẻ heureuy! Da ngimpi-ngimpi teuing sesegrukna anu geulis sada-sada bari ngawih enya jeung tuluy bari ngelẻjẻgna ogẻ. Lain Nini mah lain riwan lain impian subuh da tengah peuting ngimpina jeung saban rẻk sarẻ tara teu babacacaan heula!”
Kuring dibẻrẻan tetep teu percaya ka Iko tetep nyangka anggitan manẻhna ka Nini budak nyangka pikun.  Kapangaruhan ku peta Iko anu dibarung ku tetembangan sagalam peun baẻ kuring tẻh teu percaya.

Tapi..., naha atuh ari isukna deui.  Harita poẻ katilu ti tas Iko ngimpi, ana kelepek tẻh Hasan anak kuring anu panggẻdẻna ngudupung, tuluy kapiuhan. Teu puguh-puguh budak tẻh samaput.  Ujug-ujug kudupruk nyuuh awakna panas nyebrẻt. Ari dipangku tẻh karasana teu bẻda nyabak seuneu, awak budak tẻh.  Dibarung ku rupana anu pucet siga taya getihan. Sepa lir kapas, kaayaanana nahnay taya tangan pangawasa.  Leuleus letek cara kapuk kaibunan.   Sangkaan kuring budak tẻh moal kapuluk,  Mimitina nyangka kana lolongsteking sakumahana remen-remen kajadian di barudak anu tas ulin lulumpatan tuluy buligir ngangin hareudang.  Tapi, teu miceun kana adat kabiasaan di kampung.  Babakuna di golongan kuring, anu sok mẻnta tulung ka dukun atawa ka paraji sumawonna ka kiayi.  Walhasil, anu katahayulanana.  Puguh-puguh budak nyeri beuteung ku lantaran loba teuing dahar rujak, majarkeun tẻh kasambang jurig nu jail kitu tẻh. Teu bisa dileungitkeun atawa percaya.  Loba nu enya-enya diganggu ku jin, tapi hẻsẻ nẻmbongkeunana, yẻn pangna gering diganggu hatẻ ngagugulung budak sabisa-bisa kuring babacaan maca panyinglar.

Panyinglar sẻtan pangusir jurig jin marakayangan.  Tapi anak kakasih kaayaanana tetep pikawatireun jeung matak salempang indung budak.  Lain rawah-riwih deui tepi jejeritan ceurik.  Ninina geus cilingcingcat bari babacaan miwarang ngala paraji, ogẻ anjeunna bari teu petor-petot nangis.  Dareuda-dareuda ogẻ capẻtang kẻnẻh paparẻntah.  Malum awẻwẻ tẻa baẻ, teu bireuk deui boh kolot sumawonna budak. Boro-boro nembrakeun kasusah, manggih kabungan gẻ teu welẻh sok dibarengan ku ceurik.  Kuring gẻ lalaki teu kuat milu ngalimba awahing watir ka budak heug panggedẻna nu jadi angkeuhan atawa jadi pangharepan kuring tẻh ka manẻhna Si Cikal.

“Ếsin! Ếsin! Ếsiiin! Ka dieu!” ceuk kuring. Ếsin tẻh batur saimah kuring anu rẻk indit dipiwarang Nini ngala indung beurang, bisi salah pokna kaditu. Ceuk kuring, “Tong kanu jauh-jauh Èsin kanu deukeut baẻ heula ka Ma Ècoh di Babakan Cau! Di haturanan linggih kadieu kituh ayeuna.  Kudu kairingkeun! Manẻh ulah waka balik
lamun teu bareng jeung kudu ẻnggal kituh!”

Lêos Èsin indit satengah lumpat, katara hatêna tagiwur.  Alhamdulillah, Ma Ècoh teu lila geus torojol, malah teu sirikna digusur ku Èsin bari lumpat datangna têh.
Ceuk kuring:” Nuhun Ema ênggal sumping cing neda pitulung ieu pun anak siga nu kasambet pangmarancahankeun.  Nyanggakeun baê ka  Ema teu ngalalangkungan!”
Ma Ècoh teu kudu dipindo deui barang rêt ka budak geus têtêla yên anak kuring têh “kasambet”.  Kusiwel Ma Ècoh muka kanjut kundang. Top kana panglay, wel anyoh-anyohan kacipta nepi ka ayeuna gê. Maklum geus ompong mani ampul-ampula têa ngagayemna têh.  Ngalembutkeun panglayna nu bangkawarah, da rada teuas sigana ku geus rada garing meureun.  Teu lila sebrot-sebrot dibura-burakeun kana saban juru imah, ka dapur jeung ka tepas.  Jero imah mebek ku bau panglay.  Nu milu ngarubung-rubung budak milu bêla sungkawa ka kuring ku geringna Hasan. Ngadak-ngadak hiji dua ongkêk, arutah-utahan marabok ku bauna panglay pamura Ma Ècoh.  Pantes mun jurig baueun teh tuluy kabur, da  ka jelema ogê saperti ka kuring karasana mani hêsê ngambekan awahing pahang.  Mangkaning lalin samanea panglay Ma Ècoh, bubuhan meunang marancahan.  Parancahanana têh meunang muasaan, meunang napaan, sakitu geus mebek teh Ma Ècoh naha can eureun bae sesemburna.  Bari teu eureun-eureun kunyam-kunyem mapatkeun ajian.  Tas kitu tuluy manêhna milu diuk ngemitan budak milu teu sarê tepi ka peuting pisan.

Naha atuh, ari keur kitu, ana sewur-sewur teh ti luar.  Sumawonna ari kana kentêng mah pating paralak, ka imah gê asup.  Aya nu ngawuran ku taneuh beureum. Taneuh garing siga taneuh kuburan.  Sarêrêa ngadêgdêg kawas nu ngadak-ngadak muriang keur nirisan.  Rupa beungeut sakitu aya nu sepa, jeung teu aya nu wani kecêt-kecêt.  Sumawonna nyoara teu sakecap gê.  Iwal ti mireungeuh Ma Ècoh anu maheuman deui panglay.  Tapi ajaib jadina têh bet matak seuri mun teu keur kitu mah.  Eta Ma Ècoh têh makê kaliru.  Nu dialungkeun kana bahamna têh horêng lain panglay. Tapi, sisigna! Eta deui geus ku otomatis têa meureun, ari lep aya nu kana lêtah ari maên baê êta mÈsin gilingna atuh puguh bako tampang anu bekên bangetna! Bako tampang si Guyur wedalan Ciawi têa. Rupana baê ari karasa paitna jeung bangetna bako, ras nyaah lamun diburakeun têh da lain panglay têa.  Kumaha jadina? Lain diburakeun tapi bet jadina kateureuy.  Tapi asup henteu kaluar henteu.  Blug labuh, bari nyuuh. Ma Ècoh dina lumpatna kaluar arêk miceun utah. Tapi teu o, polah M Ècoh kitu êstu matak watir.  Matak seuri mun keur rinêh mah.  Harita mah bororaah inget kabêh gê, katutup ku kasieun, jeung tambah ketir, munggah tariis suku.   Lain ting rarempod deui, tapi kokoplokan wêh kulantaran aya hujan taneuh beureum pangawuran ti luar nu beuki loba baê asup ka imah! (HANCA!)